Biruang-hideung Asia

From Wikipedia, the free encyclopedia

Biruang-hideung Asia
Remove ads

Biruang-hideung Asia (Ursus thibetanus), ogé dipikawanoh minangka biruang bulan[2] atawa biruang dada bodas[3] nyaéta spésiés biruang nu ukuranna sedeng, lolobana adaptasi dina kahirupan arboréal, jeung aya di kiduleun Asia, Koréa, laut Cina wétan, wétan jauh Rusia, Honshū jeung Shikoku, Jepang.

Fakta Singget Status konservasi, Klasifikasi ilmiah ...

Biruang hideung hirup di leuweung méhméhan tara kaluar tileuweung pikeun néangan kadaharan. Lamun téamah dileuweung geus béakeun kadaharan sakapeung maranéhna rajeun ngadeukeutan kagiatan manusa di mana ngarasa lapar. Biruang hideung Amerika asup daftar IUCN anu nétélakeun sato ieu henteu pikahariwangeun kalumangsungan hirupna. ku lantaran ieu spesies mibanda populasi global kacida gedé jeung pohara lobana, kira-kira dua kali lipet jumlahna spesies biruang lain lamun digabungkeun.

Biruang hideung anu aya di Amerika dina wanci usum tiris atawa usum salju biasa ngadon saré dina waktu lila pisan anu katelah hibernasi . Dina enggoning ieu, metabolisme jeung denyut jantung biruang hideung ngurangan anu dituturkeun kunu séjéna. Malahan salila keur hibernasi eiu jantung biruang hideung bisa ereun salila dua puluh détik, panas awakna ogé bisa turun nepikeun ka, 31 °C (88 °F) Dina mangsana hibernasi geus bérés, panas awak biruang hideung balik deui ka normal.

Remove ads

Sumber

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads