Endog bobodasna

From Wikipedia, the free encyclopedia

Endog bobodasna
Remove ads

Endog bobodasna nyaéta sebutan umum pikeun cairan hérang (disebut bodas sotéh mun geus dipanaskeun, istilahna mah albumén atawa ovalbumin) nu aya dina endog, minangka sitoplasma, nu saméméh dibuahan mah mangrupa sél tunggal. Kandunganana mah lolobana protéin (kira 10%) nu leyur na cai. Fungsi utamana mah pikeun ngabungkus konéngna sarta nyadiakeun gizi tambahan pikeun tumuwuhna émbryo. Béda ti konéng endog, kandungan lemakna ukur saeutik.

Thumb
Endog bobodasna ngurilingan endog kokonéngna
Remove ads

Komposisi

Kandungan utama bodas endog nyaéta protéin nu disebut ovalbumin, nu dumasar strukturna mah kaasup serpin.

Denaturasi

Sakabéh protéin, kaasup nu aya dina bodas endog, mangrupa rantay panjang asam amino nu kabeungkeut ku boh beungkeut primér, sekundér, jeung tersiér. Nalika dipasak, si beungkeut (utamana tersiér) ieu téh paregat.

Baca ogé

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads