Siprus

From Wikipedia, the free encyclopedia

Siprus
Remove ads

Républik Siprus nyaéta hiji nagara pulo di Laut Tengah bagian wétan, ±113 km di kiduleun Turki jeung 120 km di kuloneun Suriah. Ibu kotana Lefkosia (Nikosia). Kota penting lianna nyaéta Lemesos (Limassol), Larnaca, Paphos, Ammochostos (Famagusta), jeung Kyrenia.

Fakta Singget Κυπριακή ΔημοκρατίαKypriakí Dimokratía (Yunani) Kıbrıs Cumhuriyeti (Turki), Basa resmi ...
Thumb
Peta Siprus

Ti taun 1974, di bagian kalér aya Républik Turki Siprus Kalér, nu ngan diakuan ku Turki.

Remove ads

Sajarah

 Artikel utama: Sajarah Siprus.

Saenggeus 1945

Siprus, wanci masih mangrupa jajahan Britania Raya, rék dibéréan ka Yunani. Tapi minoritas Turki nolak. Ahirna kompromi disatujuan jeung dina taun 1959 diwangun nagara Siprus merdéka. Tapi kadua pihak teu puas jeung ahirnya dina taun 1974 hiji kalompok nu mikahayangan pihijian jeung Yunani ngayakeun kudéta nu dibales jeung invasi Turki. Ti éta, Turki ngawasaan wewengkon kalér.

Anggota Uni Éropa

Dina kaping 1 Méi 2004, Siprus jadi anggota Uni Éropa. Tapi nu diboléhkeun milu ngan wewengkon kidul hungkul, kajaba ari wewengkon kalér rék ngahiji ogé. Ahirnya populasi wewengkon kalér neken pamaréntah manéhna sangkan ngahiji jeung wewengkon kidul. Dina 24 April 2004 wewengkon kalér (nu dipingpin Raouf Denktash) nyauran "nya" kana kahijian. Wewengkon kidul (nu dipingpin Tassos Papadopoulos) nyauran "heunteu" kana kahijian. Jadi ahirnya ngan bagian kidul hungkul nu jadi anggota Uni Éropa.

Remove ads

Ékonomi

 Artikel utama: Ékonomi Siprus.

Ékonomi dumasar kana ékspor produk tatanén (jeruk, kentang, anggur, tembako) jeung pangasilan pariwisata. Séktor kalaukan ampir euweuh. Salian éta, séktor patambangan masih nguntungan (tembaga, beusi, marmer, jeung gipsum).

Tempo ogé

Tumbu luar

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads