Gajah
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Elephantidae (bangsa gajah) téh kulawarga pachyderm, hiji-hijina sésa kulawarga dina ordo Proboscidea. Elephantidae ngawengku tilu spésiés nu hirup kénéh: Gajah Sabana Aprika (African Bush Elephant) jeung Gajah Leuweung Aprika (African Forest Elephant) (nu duanana katelah Gajah Aprika) sarta Gajah Asia (tadina katelah Gajah India). Spésiés lianna geus tumpur/lastari dina panungtung yuga és, nu anggeus kira 10.000 taun ka tukang.[1]
40x40px|link=|alt= | Artikel ieu keur dikeureuyeuh, ditarjamahkeun tina basa Inggris. Bantuanna didagoan pikeun narjamahkeun. |
Gajah téh mamalia, sarta mangrupa sato darat pangbadagna nu aya kénéh. Mangsa reuneuh gajah lilana 22 bulan, panglilana ti antara sato darat. Ménél (anak gajah) nu kakara borojol beuratna rata-rata 120 kg, bisa hirup nepi ka 70 taun. Gajah pangbadagna nu kungsi kacatet/karékam kungsi kapanggih di Angola taun 1974, gajah jalu nu beuratna 12 ton. Nu pangleutikna, kira saukuran anak sapi atawa babi badag, kapanggih salaku fosil ti pulo Crete, nu hirup kira 5000-3000 MM.
Papanggihan di Cina nunjukkeun yén gajah téh ogé jadi mangsa manusa purba.
Remove ads
Élmu sasatoan (Zoology)

Rujukan
- Elephant, Wikipédia édisi basa Inggris (11 Méi 2006).
- The Blindmen and the Elephant karya John Godfrey Saxe
Tumbu kaluar
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
