Hamérang bodas
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Hamérang bodas (Ficus padana) nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawargga Moraceae. Hamérang kasebut tangkal leutik hirup di leuweung sekunder, remen katempo di pipir gunung katempo daun handapna semu bodas; pérak mangsa nyingkab katiup angin. [2]
Remove ads
Ngaran daérah
Ngaran daérahna, saperti hamérang bodas, hamérang beureum (Sd.); kĕbĕg (kĕbĕk, kĕbak), kĕbĕg pĕtah, kĕbĕg putih, dĕdĕk (Jw.)[3]
Ciri mandiri
Tangkal ngaRungkun, jangkung 6-15 m, tajuk rubak ngan dahanna teu sakumaha kuat. Buleud tangkalna bisa nepika 30 cm. Mun diturih baris ngaluarkeun geutah, ieu geutah bakal ngagéblég tuluy neuasan kawas lilin.
Daun nyebar; gagang panjang nepi ka 18 cm; lambaran daun buleud, puhu ngawujud écéng, tungtung daun rata atau terbagi 5-7 menjari, reregean tapi henteu jero, palebah handap buluan lemes kelirna bodas aya ogé anu semu konéng. Kembangna bijil tina gigireun cupat daun (kélék daun), buleud gepéng, diaméterna nepika 4-5 cm, beureum-hideung mun geus asak, gagang lk 1 cm.
Remove ads
Agihan jeung ékologi
Hamérang bodas nyebar di Sumatra, Jawa, jeung kapuloan di sakurilingna.[4] Di Jawa Kulon, tangkal ieu tumuh dina tempat anu perenahna 300-1.300 m dpl, di leuweung sekunder jeung lamping jurang; remen kapanggih di tempat-tempat anu tara kagirid. Minangka gulma anu ngaganggu pepelakan di kebon téh.[3]
Galeri
- Daun-daun semai
- Daun penumpu
- Lilin tina geutah anu geus garing
- Buah pariuk
adicutat tina
Pranala luar
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads