Pariwara
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Pariwara atawa sambung layang nyaéta promosi barang, jasa, pausahaan sarta ideu anu kudu dibayar ku hiji sponsor. Pamasaran nempo pariwara minangka bagian tina stratégi promosi sagemblengna. Komponén séjénna tina promosi kaasup publisitas, hubungan masarakat, penjualan, jeung promosi penjualan.
Remove ads
Sajarah pariwara
Pariwara tulis mimiti dipikawanoh saprak jaman Yunani kuna. Mangsa harita, pariwara eusina ngeunaan budak beulian anu kabur ti dununganana atawa ngeunaan pintonan adu tanding Gladiator, dina mangsa ieu pariwara ngan saukur mangrupa surat edaran. Sawatara waktu satuluyna kakara mecenghul padika pariwara anu ditulisku leungeun sarta maké keretas anu leuwih badag di Inggris. Pariwara munggaran anu dicitak di Inggris bulan Maret 1648. Nepi ka taun 1850-an, di Éropah pariwara tacan sapinuhna dimuat dina koran. Lolobana masih mangrupa pamflt, leaflet, sarta brosur. Pariwara majalah munggaran mecenghul dina majalah Harper taun 1864.halamansatu.net Archived 2008-12-11 di Wayback Machine
Remove ads
Catetan sarta rujukan
Tempo ogé
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads