Italia
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Italia (Basa Itali: Italia), ngaran resmi: Républik Italia (Basa Itali: Repubblica italiana[7]), nyaéta hiji nagara di Éropa kidul nu kawangun ti hiji samenanjung jeung dua pulo gedé di Laut Tengah: Sisilia jeung Sardinia. Italia tepung wates jeung Perancis, Swiss, Austria, jeung Slovénia. Nagara San Marino jeung Vatikan mangrupa énklave dina wewengkon Italia, samentara Campione d'Italia mangrupa éksklaf Italia di Swiss. Nagara Italia kaasup wewengkon saluas 301.338 km² (116.347 mil²) nu dipangaruhan ku iklim sedeng. Kalawan jumlah padumuk 60,4 yuta, Italia mangrupa nagara nu jumlah padumukna panglobana kagenep di Éropa, jeung pangpadetna ka-23 di dunya.
Saenggeus labuhna Romawi, Italia meupeus kana nagara-nagara leutik (kawas Karajaan Sardinia jeung Kadipatén Milan), tapi nagri ieu dihijikeun dina taun 1861,[9] saenggeus lumangsungna période karusuhan nu kakenal kalawan istilah "Il Risorgimento" ("Kabangkitan"). Dina ahir abad ka-19, dina Perang Dunya I jeung Perang Dunya II, Italia ngajajah Libya, Éritrea, Somalia, Éthiopia, Albania, Rhodes, Dodecanese, jeung konsési di Tianjin, Cina.[10] Kiwari Italia miboga laku penting dina budaya, diplomasi, jeung militér Éropa jeung dunya, janten Italia mangrupa salah sahiji kakiatan régional.[11][12][13][14]
Remove ads
Étimologi
Loba pimikiran ahli sajarah jeung linguistik ngeunaan étimologi ngaran "Italia".[15] Dumasar kana salah sahiji panerangan nu leuwih umum, istilah Italia (ti basa Latin: Italia),[16] dipinjem liwat basa Yunani ti istilah basa Oscan, Víteliú, nu hartina "lemah énéng" (cf. Lat vitulus "énéng", Umb vitlo "énéng").[17] Sapi mangrupa lambang séké-séké Italia kidul jeung mindeng digambarkeun neunggar ajag Romawi minangka lambang embungeun méré kamerdékaan Italia. Salian ti éta, aya ogé legénda, yén Italia dingaranan ti inohong nu namina Italus.[18][19][20]
Ngaran Italia awalna ngan digunakeun pikeun sabagian wewengkon nu ayeuna ngaranna Italia Kidul (dumasar kana Antiochus ti Syracuse, di bagian kidul samenanjung Bruttium). Tapi, dina masa Antiochus, istilah Oenotria jeung Italia mangrupa sinonim, jeung ngaran éta ogé digunakeun pikeun kalobaan Lucania. Saterusna, urang Yunani biasa nyebut "Italia" pikeun wewengkon nu leuwih lega, tapi baru dina wanci panalukan Romawi istilah éta bener-bener ngasupkeun sakabéh samenanjung.[21]
Remove ads
Sajarah
Hasil pangalian di sakabéh Italia nunjukkeun yén manusa modérn geus aya ti jaman Paléolitik, kira-kira 200.000 taun baheula.[22]
Wewengkon
Italia dibagi kana 20 wewengkon (regioni, tunggal: regione); lima di antarana miboga status otonomi husus, ditandaan ku *:
- Abruzzo
- Basilicata
- Calabria
- Campania
- Emilia-Romagna
- Friuli-Venezia Giulia *
- Lazio
- Liguria
- Lombardia
- Marche
- Molise
- Piemonte
- Puglia
- Sardinia (Sardegna) *
- Sisilia (Sicilia) *
- Toscana
- Trentino-Alto Adige *
- Umbria
- Valle d'Aosta *
- Veneto
Géografi
Italia kawangun ti samenanjung gedé nu manjang ka Laut Méditérania, bareng jeung dua pulo gedéna, Sisilia jeung Sardinia. Di wétan-kalér nyaéta Laut Adriatik, di tenggara Laut Ionia, teras Laut Tirenia di kulon-kidul jeung Laut Liguria di kulon-kalér.
Pagunungan Apennina minangka tulang tukang samenanjung ieu, manjang ka arah kulon-kalér nepi ka ngagabung jeung Alpen, barisan pagunungan nu ngawangun lengkungan nu ngawatesan Italia di sisi kalér. Di wewengkon ieu ogé dipanggihan dataran alluvial gedé, dataran Po-Venesia, nu dialiran ku Walungan Po kalawan loba anak walunganna ngalir ti Alpen, Apennina, jeung Dolomites. Walungan kondang nu séjén kaasup Tiber, Adige, jeung Arno.
Titik pangluhurna nyaéta Gunung Blanc (Monte Bianco) dina 4.810 m. Sanajan kitu, Italia biasana leuwih dipatalikeun jeung dua gunung api nu katelah: Vésuvius deukeut Napoli jeung Étna di Sisilia.
Remove ads
Démografi
Padumuk Italia kalobaannana ngagem agama jeung ngagunakeun basa nu sami tapi kalawan budaya, ékonomi, jeung politik nu rupa-rupa. Italia miboga kapadetan padumuk panggedéna kalima di Éropa kalawan 196 padumuk per kilométer pasagi. Grup minoritas padumuk asli leutik jumlahna.
Sanajan Katolik Roma mangrupa agama mayoritas (85% nu babar di Italia umumna agamana Katholik), aya sababraha komunitas nu mangrupa bagian Garéja Protéstan, jeung ogé Bené Roma nu geus ngalaksanakeun Judaisme di Italia dina rébuan taun. Jeung aya ogé komunitas imigran Muslim.
Remove ads
Tempo ogé
- Anoia
- Daptar tokoh Italia
- Basisir Amalfi
- Hubungan luar nagri Italia
- Islam di Italia
- Daptar Univérsitas di Italia
- Militér Italia
- Pariwisata di Italia
- Transportasi di Italia
- Mafia
- Vespa
Catetan suku
Tumbu kaluar
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads


