Kabupatén Jepara
kabupatén di Indonésia From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Kabupatén Jepara, nyaéta salah sahiji kabupatén di Propinsi Jawa Tengah. Ibukotana nyaéta Jepara. Kabupatén ieu wawatesan jeung Laut Jawa di beulah kulon jeung kalér, Kabupatén Pati jeung Kabupatén Kudus di beulah wétan, sarta Kabupatén Demak di beulah kidul. Wilayah Kabupatén Jepara ogé ngawengku Kapuloan Karimunjawa nu aya di Laut Jawa.
Jepara kasohor minangka kota ukiran, sabab di Jepara aya séntra karajinan ukiran kayu nu geus kawentar nepi ka mancanagara. Puseur karajinan ieu aya di Kacamatan Tahunan jeung Jepara. Lian ti éta, Jepara ogé mangrupa kota kalahiran pahlawan wanoja Indonésia R.A. Kartini.
Remove ads
Géografi
Kabupatén Jepara aya di pantura wétan Jawa Tengah, nu mana beulah kulon jeung kaléreunnana diwawatesan ku laut. Beulah wétan wewengkon kabupatén ieu mangrupa daérah pagunungan.
Wilayah Kabupatén Jepara ogé ngawengku Kapuloan Karimunjawa, nyaéta gugusan pulo-pulo di Laut Jawa. Dua pulo panggedéna nyaéta Pulo Karimunjawa jeung Pulo Kemujan. Sabagian gedé wewengkon Karimunjawa ditangtayungan ku Cagar Alam Laut Karimunjawa. Pikeun nyabrang ka kapuloan ieu, disadiakeun kapal ferry nu indit ti Palabuan Jepara. Karimunjawa ogé miboga lapangan terbang perintis nu didarati pesawat leutik ti Semarang.
Remove ads
Babagian administratif
Kabupatén Jepara ngawengku 14 kacamatan, nu kabagi deui jadi sajumlah désa jeung kelurahan. Puseur pamaréntahannana aya di Kacamatan Jepara.
|
|
|
|---|---|
|
Kabupaten:
Banjarnegara |
Banyumas |
Batang |
Blora |
Boyolali |
Brebes |
Cilacap |
Demak |
Grobogan |
Jepara |
Karanganyar |
Kebumén |
Kendal |
Klatén |
Kudus |
Magelang |
Pati |
Pekalongan |
Pemalang |
Purbalingga |
Purworejo |
Rembang |
Semarang |
Sragén |
Sukoharjo |
Tegal |
Temanggung |
Wonogiri |
Wonosobo | |
Remove ads
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads

