Kabayan
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Kabayan mangrupa ngaran hiji tokoh imajinatif Sunda nu ku masarakat umum (Sunda, umumna di Indonésia) dianggap salaku manusa lucu, polos, kedul, tapi sakaligus cerdas. Carita-carita lucu ngeunaan Kabayan nu sumebar di masarakat Sunda kawilang loba pisan, mekar dina budaya lisan ti abad ka-19 kénéh. Dedegan Kabayan katut paripolahna téh terus hirup dina angen-angen kahirupan urang Sunda, luyu jeung kamekaran jamanna.
Dedegan Kabayan sok dipapandékeun jeung tokoh nu sarupa dina kahirupan bangsa Arab, kayaning Abunawas atawa Nasrudin.
Remove ads
Karya sastra jeung pilem
Carita-carita Kabayan geus mindeng diangkat dina wanda buku jeung pilem di antarana,
- Buku:
- Si Kabayan, Utuy Tatang Sontani (1959, basa Indonésia)
- Si Kabayan Manusia Lucu, Ahdiat Karta Muharja (1997, basa Indonésia)
- Si Kabayan Nongol di Zaman Jepang, Ahdiat Karta Miharja (basa Indonésia)
- Si Kabayan: dan beberapa dongeng Sunda lainnya, Ayip Rosidi (1985, basa Indonésia)
- Si Kabayan jadi Wartawan, Muhtar Ibnu Thalab (2005, basa Indonésia)
- Si Kabayan jadi Dukun, Moh. Ambri
- Kabayan Bikin Ulah (2002, komik kompilasi)
- Pilem:
- Si Kabayan
- Si Kabayan Mencari Jodoh (1994)
- Si Kabayan Saba Kota
- Si Kabayan dan Gadis Kota
- Si Kabayan Saba Métropolitan
- Si Kabayan: Bukan Impian (2000)
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
Remove ads
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads