Kabupatén Empat Lawang

kabupatén di Indonésia From Wikipedia, the free encyclopedia

Kabupatén Empat Lawang
Remove ads

Empat Lawang nyaéta salah sahiji kabupatén di Provinsi Sumatra Kidul, Indonésia. Ibukota Kabupatén Empat Lawang pernahna di Tebing Tinggi. Kabupatén ieu mangrupa pamekaran ti Kabupatén Lahat, nu diresmikeun tanggal 20 April 2007. Kabupatén ieu téh dieusi ku rupa-rupa suku, mayoritas Suku Lintang/ Jemo Lintang sakitar 55% nu dumukna di Muara Pinang, Lintang Kénca, Pendopo, Pendopo Kulon, Ulu Musi, Sikap Dalam. Tuluy Suku Pasémah sakitar 19% nu dumukna di Pasémah Air Keruh. Suku Saling sakitar 12% nu dumukna di Saling. Suku Kikim Tebing sakitar 5% nu dumukna di Tebing Tinggi. Aya ogé suku minoritas sakitar 9% nu dieusi ku Suku Jawa jeung Sunda. [1]

[2]

Fakta Singget
Remove ads

Sajarah

Sajarah dibentukna Kabupatén Empat Lawang nyaéta nalika panjajahan Hindia-Walanda sakitar 1870-1900, nu di mana Tebing Tinggi téh miboga peran penting salaku wilayah administratif jeung lalu lintas ékonomi, kusabab letakna nu stratégis. Tebing Tinggi diniléy stratégis sabab bisa ngahalau ancaman pemberontakan daérah sakitarna, saperti Pagar Alam, Pasémah jeung daerah nu wawatesan jeung Bengkulu. Taun 1942-1945 dina masa panjajahan Jepang aya sababaraha parobahan ngaran wilayah tina asalna Tebing Tinggi jadi kaasup wilayah kawedanaan, nepi ka akhirna jadi bagian tina wilayah sakaligus jadi puseur dayeuhna Kabupatén Empat Lawang saangeus kemerdekaan.[2]

Remove ads

Poténsi Wisata

Kabupatén Empat Lawang ieu miboga sababaraha poténsi wisata nyaéta aya Curug Tanjung alam nu aya di Kecamatan Lintang Kanan, tuluy aya ogé Air Lintang nu pernahna di Kecamatan Pendopo nu mangrupa papanggihan antara cai bayau jeung cai lintang.[2] Salian éta aya deui objék wisata Musi Pantai Terusan nu aya di Désa Terusan Lama, Kécamatan Tebing Tinggi.[4]

Kulinér

Kabupatén Empat Lawang ogé miboga ciri khas kulinér, nu salian ti empé-empék aya ogé Kelicuk, Lempeng, Sanga Duren, Surabi, Kué Suba, Lepat, Bubur Suro, Gonjing, sarta Gule Kojo.[2]

Rujukan

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads