Warna
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Warna atawa kelir (tina basa Walanda kleur) nyaéta spéktrum tinangtu anu aya dina jero hiji cahaya sampurna (boga warna bodas).[1] Cir sahiji warna ditangtukeun ku panjang gelombang cahya kasebut. Contona warna paul mibanda panjang gelombang 460 nanométer.

Panjang gelombang warna anu masih bisa katangkep ku panon manusa nyaéta antara 380-780 nanométer.
Dina pakakas optis, warna bisa ogé dihartikeun salaku interprétasi otak kana campuran tilu warna primér cahya: beureum, héjo, paul anu digabungkan dina komposisi tinangtu. Contona campuran 100% beureum, 0% héjo, sarta 100% paul baris ngahasilkeun interpretasi warna magénta.
Dina seni rupa, warna bisa ogé dihartikeun pantulan nu tangtu tina cahya anu dipangaruhan ku pigmén anu aya dina beungeut barang. Contona campuran pigmén bungur jeung cyan kalawan proporsi nu pas sarta disinaran cahaya bodas sampurna baris ngahasilkeun sénsasi (rasa) jiga warna beureum .
Saban warna sanggup méré gambaran sarta idéntitas nu tangtu luyu kaayaan sosial nu nempona. Contona kelir bodas baris méré gambaran suci sarta tiis di wewengkon Kulon alatan pakait jeung salju. Sagigireun ti éta di kaloloban nagara Wétan kelir bodas méré gambaran pati sarta kacida nyingsieunan alatan pakait jeung lawon kafan (sanajan sacara téori sabenerna bodas lain kelir).
Dina élmu kelir, hideung dianggap minangka kaayaan teu mibanda kelir. Sawatara éta kelir bodas minangka kaayaan hadirna sakumna gelombang kelir kalayan proporsi nu saimbang. Sacara ilmiah, duanana ogé lain warna, sanajan bisa dihadirkan dina wangun pigmén
Remove ads
Papasingan
- Warna nétral, nyaéta warna-warna anu henteu deui mibanda kamurnian warna atawa dina kalimah séjén lain mangrupa warna primér atawa sékundér. Warna ieu mangrupa campuran tilu komponén warna sakaligus, tapi henteu dina komposisi nu pas sarua.
- Warna kontras; cékas, nyaéta warna-warna anu rasana silih lawan. Warna kontras bisa dihasilkeun tina warna anu berseberangan (motong titik tengah segitilu) diwangun ku warna primér sarta warna sékundér. Tapi henteu nutupan jigana ogé nyieun kontras kelir kalawan menolah peunteun atawa kemurnian kelir. Conto kelir kontras nyaéta beureum kalawan héjo, konéng kalawan wungu sarta bulao kalawan oranyeu.
- Warna panas, nyaéta kumpulan warna dina wengkuan satengah bunderan dina jero bunderan warna mimiti ti beureum nepi ka konéng. Warna ieu jadi simbul bungah, sumanget, ambek jsjbn. Warna panas méré rasa jarak anu deukeut.
- Warna tiis, nyaéta kumpulan warna dina daérah satengah bunderan dina jero bunderan warna mimiti ti héjo nepi ka wungu. Warna ieu jadi simbul kalungguhan, tiis, méré nah jejbn. Warna tiis méré rasa jarak anu jauh.
Remove ads
Istilah séjén
- Harga warna, ditangtukeun ku cékas atawa rumeukna warna. Harga ieu dipangaruhan ku ditambahankeun bodas atawa hideung. Dina jero sistem RGB (red, green, blue), harga ieu ditangtukeun ku ditambahkeunna komponén beureum, paul, jeung héjo dina komposisi anu pas sarua sanajan henteu kudu sapinuhna saratus persén.
Tempo ogé
Wikimedia Commons memiliki media mengenai Color.
- Pigmén
- Daptar warna
- Bunderan warna Brewster
Dicutat tina
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
