Kénya

From Wikipedia, the free encyclopedia

Kénya
Remove ads

Kénya, resmina Républik Kénya, nyaéta hiji nagara di Afrika Wétan nu diliwatan ku khatulistiwa, kalawan Samudra Hindia ka kidul-wétanna. Nagara ieu tepung wates jeung Tanzania di kidul, Uganda di kulon, Sudan Kidul di kalér-kulon, Étiopia di kalér, sarta Somalia di kalér-wétan.

Fakta Singget Jamhuri ya Kenya Republic of KenyaRépublik Kénya, Basa resmi ...

Kenya miboga aréa kira-kira 580.000 km2 jeung jumlah populasi ampir 41 yuta,[6] ngawakilan 42 kelompok urang jeung budaya nu bébéda.[7] Nagara ieu dingaranan dumasar kana Gunung Kénya.

Mimiluan hiji réferéndum jeung dipakéna konstitusi nu anyar dina Agustus 2010, Kénya ayeuna dibagi kana 47 county anu mangrupa unit pamaréntahan semi-otonom. Unit-unit ieu dipiharep dilaksanakeun sacara pinuh ti Agustus 2012 – nalika pamilu kahijia dina konstitusi nu anyar. County-county-na bakal diluluguan ku hiji gubernur kapilih.

Géografi nagara ieu rupa-rupa saperti populasina. Nagara ieu miboga iklim nu haneut jeung beueus di sapanjang basisirna kana Samudra Hindia nu ngarobah ka padang jukut savana kalawan raloba margasatwa sajalan anjeun mapay ka lebet nagara ieu ka ibu kotana, Nairobi. Nairobi miboga iklim nu tiis anu jadi leuwih tiis ngadeukeut ka Gunung Kénya nu miboga tilu puncak nu terus saljuan. Iklim tropis haneut jeung beueus muncul leuwih jauh ke lebet nuju ka Dano Victoria, saméméh lalampahan ka wewengkon iklim sedeng leuweungan jeung papasiran di kulon. Wewengkon Kalér Wétan sapanjang wates di Somalia jeung Étiopia keusik jeung rada keusik kalawan lanskap deukeut sagara. Nagara ieu ogé miboga aktivitas géotérmal nu ngasilkeun raloba tanaga listrik nasional.

Ibu kota Kénya, Nairobi, aya di sabeulah hiji taman nasional. Nagara ieu katelah ti safari jeung suaka margasatwana saperti Taman Nasional Tsavo , Maasai Mara, Taman Nasional Nakuru, jeung Taman Nasional Aberdares.

Dano Victoria, dano cai tawar nu panggedéna kadua di dunya (sanggeus Dano Superior di Amérika Kalér), aya di beulah kidul-kulon sarta dibagi ogé bareng Uganda jeung Tanzania.

Salaku bagian ti Afrika Wétan, Kénya geus didumukan ku manusa ti période Paléolitik Handap. Palegaan Bantu nepi ka wewengkon ieu dina milénium kahiji Maséhi, jeung wates ti nagara kiwari ngawengku pasimpangan wewengkon basa-basa Bantu, basa Nilo-Sahara, jeung basa Afro-Asia, nyieun Kénya hiji nagara multi-étnis sajati. Hadirna Éropa jeung Arab di Mombasa ngarujuk kana période Modérn awal, tapi panjelajahan Éropa ti bagian jerona mimiti dina abad ka-19. Kakaisaran Britania ngadegeun Protéktorat Afrika Wétan dina 1895, disebut ti 1920 salaku Koloni Kénya. Républik Kénya merdika diwangun dina Désémber 1963.

Kénya mangrupa anggota Komunitas Afrika Wétan jeung ngahasilkeun atlét kelas dunya saperti juara dunya Paul Tergat jeung David Rudisha.

Remove ads

Wewengkon Administratif

Artikel utama: Propinsi Kénya, Distrik Kénya, Divisi Kénya

Kénya dibagi kana 47 county semi-otonom nu bakal diluluguan ku gubernur nu bakal dipilih dina pamilu kahiji dina konstitusi anyar di Agustus 2012. Dina konstitusi nu heubeul, Kénya ngawengku 8 propinsi masing-masing dilulugu ku Komisionér Propinsial (ditunjuk ku présidén). Propinsi-propinsina (mkoa tunggal mikoa >1 dina Basa Swahili) dibagi deui kana distrik (wilaya). Aya 69 distrik dina sénsus 1999. Distrik-distrikna teras dibagi deui kana (total) 497 divisi (taarafa). Divisi-divisna teras dibagi deui kana (total) 2.427 lokasi (mtaa) jeung teras (total) 6.612 sublokasi (mtaa mdogo).[8] Kota Nairobi miboga status propinsi administratif pinuh. Pamaréntah ngawaskeun administrasi jeung propinsi. Propinsi-propinsina nyaéta:

Thumb
Propinsi-propinsina Kénya
  1. Tengah
  2. Basisir
  3. Wétan
  4. Nairobi
  5. Kalér Wétan
  6. Nyanza
  7. Lebak Sela
  8. Kulon

Dina konstitusi Kénya nu ayeuna, otoritas pamaréntahan lokal teu diakuan. Tapi, dina konstitusi nu heubeul, pamaréntahan lokal di Kénya dilaksanakeun liwat otoritas lokal. Loba puseur pakotaan miboga déwan. Otoritas lokal di pilemburan kawanoh salaku déwan county. Anggota déwan lokal dipilih ku pamilihan, nu dilaksanakeun babarengan jeung pamilu.

Remove ads

Tempo ogé

  • Pasamakmuran Bangsa-Bangsa
  • Hubungan luar nagri Kénya
  • Basa-basa di Kénya
  • Daptar misi diplomatik Kénya
  • Daptar inohong Kénya
  • Daptar tahanan kémah perang Perang Dunya II di Kénya
  • Militér Kénya

Réferénsi

Bacaan salajengna

Tumbu kaluar

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads