Kohkol
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Kohkol atawa dina basa Indonésia mah disebut kentungan mangrupa salah sahiji waditra bisa dijieun tina awi atawa tina kai. [1] Kohkol tina kai pangawakanna leuwih gedé katelah ogé borogodod [2], panjang kurang leuwih saméter nepika saméter satengah, buleudna opat puluh sénti. Dipilemburan kohkol dipibanda ku unggal masjid jeung pos ronda. [3]

Kagunaan
Kohkol ditabeuh mangsana dibutuhkeun pikeun tangara geus cunduk kana waktu solat[4], bisawaé ditabeuh pikeun panggentra ngumpulkeun masarakat ngayakeun gempungan ditempat anu geus maneuh[4], malahan kohkol ditabeuh dina salah mangsa umpamana tengah peuting éréng jentréng pikeun totondén ayana bégal atawa jalma jahat anu ngulampreng ka jero lembur.[5]
- Kohkol anu aya di National Museum of Ethnology
- Kohkol urang Papua
- Kohkol dedegan sapi beunang nyieun karuhun urang Sunda
- Kohkol di nagara Fiji
Remove ads
Dicutat tina
Tutumbu kaluar
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
