Kopi
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Kopi mangrupa tangkal nu asalna ti Daksi di buana Afrika.[2] Siki kopi nu geus ditipungkeun sok ditinyuh ku cai ngagolak keur inumeun.[2]

Remove ads
Sajarah Kopi
Awal ayana kopi dina taun 500 masehi dimimitian ku domba anu henteu ngahaja ngadahar pepelakan liar sarupa buah céri[3]. Sanggeus ngadahar daun sarta sikina, kalakuan domba éta jadi anéh[3]. Nyaksian hal éta, nu ngangonna ogé ngasaan pepelakan anu didahar ku domba téa[3]. Hasilna, manéhna ngarasakeun sensasi anu saterusna kasebarluaskeun[3]. Carita séjén anu mekar ngeunaan panimuan kopi, nyaéta ti saurang syékh Arab anu nyalametkeun dirina tina kalaparan kalayan nyieun sop tina siki céri anu aya dina semak belukar[3].
Ti kira-kira abad ka-5 sarta abad ka-6 kasebut, carita panimuan kopi mekar[3]. Khaldi dipikanyaho saterusna papanggih jeung saurang rahib ngaranna Chadély atawa Scyadly, dicaritakeun kajadian anu dialaman dirina sarta embéna, ogé ka rahib kasebut, ditembrakkeun sarupaning siki céri anu didahar[3]. Rahib kasebut ogé saterusna hayang ngarasakeun pangaruh anu diceritakeun Khaldi[3]. Biji-bijian anu ditarimana dilemeskeun sarta dicampur jeung cai panas[3]. Éta sajarah inuman kopi mimiti[3]
Remove ads
Jenis Kopi
Numutkeun daérahna, nyaéta:
Kopi Arabika
Asalna ti Moka, TanahArab.[2] Rasana kurang pait, lamun di ékspor ku urang sok disebut kopi jawa.[2]
Kopi Liberia
Kopi Robusta
Asalna ti Kongo.[2] Rasana pait, jeung najan nginumna saéutik, akibatna sok hésé saré. Tangkal kopi robusta leubeut buahna.[2]
Tingali ogé
- Entéh
- Matte
Rujukan
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads