Lohor

From Wikipedia, the free encyclopedia

Lohor
Remove ads

Solat Lohor (Basa Arab: صلاة الظهر) nyaéta solat sanggeus tengah poé (tapi saméméh kalangkang sarangéngéngaleuwihan panjang barang aslina). Dilakukeun unggal poé ku urang Muslim, mangrupa salah sahiji tina solat lima. Solat lima waktu sacara koléktif ngawangun salah sahiji tina Rukun Islam, dina Islam Sunni, sarta salah sahiji tina (sapuluh) Furuu'-ad-diin dina Islam Si'ah. Nalika indit-inditan, numutkeun sabasaraha madhab, bisa diqoshor jadi dua roka'at atawa dihijikeun jeung solat Asar. Solat Lohor disebutkeun dina Al Qur'an Q.S 17:78.

Thumb
Artikel ieu salasahiji tina séri
Islam
Istilah-istilah Islam
Rukun Islam
Sahadat
Solat Saum
Zakat Haji
Kota Penting
Mekah Madinah
Yerusalem Kufah
Kajadian
Hijrah Kalénder Islam Idul Fitri
Idul Adha Maulid
Wangunan
Masjid Munara
Mihrob Ka'bah
Arsitéktur Islam
Rujukan Ajaran
Qur'an Hadits Sunnah
Fiqih Fatwa Syari'ah
Madhab
Hanafi, Hambali, Maliki, Syafi'i

Dina Islam Sunni atawa Si'ah, solat opat roka'at diwajibkeun sarta bacaannana dibaca 1 (anca). Dina Islam Sunni, fardu opat roka'at jeung sunnah 2 roka'at sabadana kacida dianjurkeunnana.

Dina poé Juma'ah, solat Lohor diganti ku solat Juma'ah, nu mangrupa kawajiban pikeun sakabéh Muslim lalaki nu geus balég, dumuk di hiji tempat sarta teu boga hahalang saperti gering jeung sajabana.

Remove ads

Wanci

Wanci lohor ditangtukeun béda-béda ku sababaraha golongan Islam. Tapi nu pasti, panghadé-hadéna nyaéta buru-buru ngadegkeun solat nalika wanci geus manjing, sarta kacida goréngna lamun heug kudu nunda-nunda.

Islam Si'ah

Wanci numutkeun Islam Si'ah nyaéta:

  • Mimiti: nalika sarangéngé geus ngaliwatan celestial meridian (true noon), persisna tengah-tengah antara sarangéngé kaluar jeung. Nyaéta nalika sarangéngé aya dina titik pangluhurna di langit.
  • Pungkasan: saméméh wanci Asar.

Islam Sunni

Wanci numutkeun Islam Sunni nyaéta:

  • Mimiti: nalika sarangéngé geus ngaliwatan celestial meridian (true noon), persisna tengah-tengah antara sarangéngé kaluar jeung. Nyaéta nalika sarangéngé aya dina titik pangluhurna di langit.
  • Pungkasan: nalika dimimitiannana wanci Asar (aya kateupanujuan persisna iraha ieu wanci kajadian). Numutkeun madhab Maliki, wanci dharoori time (Time of Necessity for those who had a legitimate excuse to miss the prayer during the Prescribed Time) for Dhuhr lasts all the way until sunset, i.e. the beginning of Maghrib prayer. Thus, according to the Maliki school, if soméone prays Dhuhr 30 minutes before sunset, he is considered to have prayed the prayer "on time", though he would be sinful if he had delayed that long without a legitimate excuse.
Remove ads

Catetan

1Saperti pikeun solat nyorangan. Bacaan henteu ditarikkeun kajaba takbir nu nandaan tiap tahap dina solat.

Tempo Ogé

  • Solat
  • Subuh (solat fajar)
  • Lohor (solat tengah poé)
  • Asar (solat lingsir panonpoé)
  • Magrib (solat surup panopoé)
  • Isa (solat peuting)
Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads