Mekah
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Mekah, Makah, Mekkah, atawa Makkah anu ngaran panjangna Makkah Al-Mukarromah (مكة المكرمة) nyaéta dayeuh utama di Arab Saudi sarta mangrupa tujuan utama umat Islam dina ibadah haji. Dayeuh Mekkah mangrupa salah sahiji dayeuh pangsucina, nurutkeun hadits Nabi Muhammad saw. Di Mekkah ogé aya Masjid Al-haram, anu di jerona aya Ka'bah minangka kiblat umat Islam sadunya.
Remove ads
Lokasi Geografis
Artikel ieu salasahiji tina séri Islam |
| Istilah-istilah Islam |
| Rukun Islam |
| Sahadat |
| Solat – Saum |
| Zakat – Haji |
| Kota Penting |
| Mekah – Madinah |
| Yerusalem – Kufah |
| Kajadian |
| Hijrah – Kalénder Islam – Idul Fitri |
| Idul Adha – Maulid |
| Wangunan |
| Masjid – Munara |
| Mihrob – Ka'bah |
| Arsitéktur Islam |
| Rujukan Ajaran |
| Qur'an – Hadits – Sunnah |
| Fiqih – Fatwa – Syari'ah |
| Madhab |
| Hanafi, Hambali, Maliki, Syafi'i |
Dayeuh Mekkah perenahna kira-kira 600 kilométer ti Madinah sarta kira-kira 200 kilométer ti Jeddah. Mekkah perenahna dina koordinat 21°25′24″LU, 39°49′24″BT. Dayeuh Mekkah mangrupa hiji landeuh heureut anu dilingkung ku gunung sarta pasir. Alatan kaayaan ieu pisan, Mekkah mindeng kakeunaan caah dina jaman baheula, saméméh ahirna dipigawé rekonstruksi dayeuh Mekkah. Kawas dayeuh-dayeuh séjénna di wewengkon Arab Saudi, dayeuh Mekkah mibanda iklim gurun
Remove ads
Ékonomi
Dina abad ke-5 nepi ka abad ke-6 Masehi, Mekkah dipikawanoh minangka pasar atawa bandar tempat perdagangan ti kidul Arab ka bagian kalér Arab, nyaéta di Syam. Kafilah-kafilah mindeng ngaliwatan Mekkah saméméh neruskeun lalampahan ka Syam. Kauntungan para kafilah biasana ngahontal 600.000 pound sakali lalampahan ka Syam. Ayeuna, Mekkah ngembangkeun industri dina sektor perhotelan, peternakan, tatanén sarta pangladén jamaah haji.
Remove ads
Sajarah
Dayeuh Mekkah henteu leupas ti carita Nabi Ibrahim, anu dina waktu éta ninggalkeun anakna, nyaéta Nabi Ismail sarta pamajikanana Siti Hajar disebuah landeuh. Landeuh ieu baheulana dina kaayaan anu panas, gersang sarta kosong. Tapi, berkat rahmat Alloh, mangka dipercikkanlah Cai Zam-zam, anu ngarobah Mekkah ti lahan angar jadi lahan anu subur. Kafilah Jurhum saterusna ngawangun dayeuh Mekkah ieu, sarta diteruskeun nepi ka Quraisy.[3]
Saterusna, dayeuh ieu aya dibawah naungan pamaréntahan Islam, sanggeus penaklukan Mekkah dina taun630 Masehi. Saterusna pamaréntahan dayeuh Mekkah dicekel ku Bani Abbasiyah, Bani Umayyah, sarta Kasultanan Utsmaniyah. Dina ahirna, sabot penyatuan Arab, dayeuh Mekkah dikadalikeun ku Karajaan Arab Saudi nepi ka ayeuna.
Rujukan
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
