Mercosur
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Mercosur atawa Mercosul (basa Spanyol: Mercado Común del Sur, Basa Portugis: Mercado Comum do Sul, Basa Guarani: Ñemby Ñemuha, Basa Sunda: Pasar Bareng Kidul) nyaéta hiji pasatujuan ékonomi jeung pulitis antara Argéntina, Brasil, Paraguay, jeung Uruguay. Ngadeg dina 1991 ku Traktat Asunción, nu satersna dimekarkeun jeung dianyarkeun ku Traktat Ouro Preto 1994. Tujuana pikeun mromosikeun dagang bébas jeung pagerakan banda, masarakat, jeung mata uang nu robah-robah. Basa resmina nyaéta Basa Portugis, Basa Guaraní,[2] jeung Basa Spanyol. Mercosur jeung Komunitas Nagara Andés mangrupa sarikat pabéan nu mangrupa bagian ti integrasi Amérika Kidul nu kahubung jeung Uni Nagara Amérika Kidul.

Asalna Mercosur balik deui ka 1985 basa Présidén Argéntina, Raúl Alfonsín, jeung Présidén Brasil José Sarney nandatanganan Program Gawé Bareng Ekonomi jeung Integrasi Argéntina-Brasil atawa PICE (Basa Portugis: Programa de Integração e Cooperação Econômica Argentina-Brasil; basa Spanyol: Programa de Integración y Cooperación Económica Argentina-Brasil).[3] program éta ogéngajukeun Gaucho salaku hiji mata uang pikeun padagangan régional.
Bolivia, Chili, Kolombia, Ékuador, jeung Péru ayeuna miboga status "anggota nu kaasosiasi". Vénézuéla nandatanganan hiji pasatujuan kaanggotaan dina 17 Juni 2006.[4] Diwangunna Parlemén Mercosur disatujuan dina panglawungan luhur présidén-présidén Désémber 2004. Parlemén éta kedahna miboga 18 wakil ti masing-masing nagara dina 2010, teu paduli populasina.
Remove ads
Nagara anggota
Mercosur diwangun ti 4 nagara daulat anggota: Argéntina, Brasil, Paraguay, jeung Uruguay.
Vénézuéla bakal jadi nagara anggota pinuh nu ka-5 sanggeus pangasahan kongrés Paraguay; sadaya anggota lianna gues ngesahkeun kaanggotaan pinuh Vénézuéla.
Tempo ogé
- Komunitas Andés
- Uni Nagara Amérika Kidul (UNASUR)
- Pasakutuan Bolivar pikeun Amérika
- Pasar Bareng Amérika Tengah
- Aréa Dagang Bébas Amérika
- Sarikat pabéan
- Blok dagang
- Gaucho (mata uang)
Bacaan salajengna
- Samuel A. Arieti, The Role of MERCOSUR as a Vehicle for Latin American Integration, Chicago Journal of International Law, vol. 6 (2005/2006), pp. 761–773.
Rujukan
Tumbu kaluar
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads


