Otoritas Nasional Paléstina
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Otoritas Nasional Paléstina (basa Arab: السلطة الوطنية الفلسطينية As-Sulthah al-Wathaniyyah al-Filastiniyyah basa Ibrani: הרשות הפלסטינית Harashut Hafalastinit) nyaéta hiji organisasi pamaréntahan samentara nu maréntah sabagian ti Sisi Kulon jeung sakabéh Jalur Gaza. Organisasi ieu diwangun dina 1994 saenggeus ditandatangananna Kasapukan Oslo antara PLO jeung Israél.[2]
- Paléstina ngalih ka dieu, pikeun guna lian ti Paléstina, tempo Paléstina (disambiguasi)
Otoritas Nasional Paléstina ayeuna dipingpin Présidén Mahmoud Abbas ti faksi Fatah jeung Perdana Menteri Salam Fayyad ti faksi Fatah. Can aya stabilitas politik sabab Hamas nolak narima kaayaan Israél samentara Fatah siap ngadiskusikeun solusi dua bangsa ngeunaan Konflik Israel jeung Paléstina.
Remove ads
Pamaréntahan
Otoritas Nasional Paléstina atawa Paléstina mangrupa hiji nagara nu bentukna Républik Parleménter nu diwangunna dibéwaraan dina kaping 15 Novémber 1988 di Aljiria, ibu kota Aljazair. Béda jeung laloba nagara di dunya nu ngabéwarakeun kamerdékaannya saenggeus miboga Konsési Politik ti nagara panjajah, Paléstina ngabéwarakeun éksisténsinya lain lantaran miboga konsési politik ti nagara séjén, tapi ngiket opat yuta kalompok étnis dina hiji tempat, nyaéta nagara Paléstina. Dina béwara étu ditetepkan ogé yén Yérusalem Wétan (bakal) dijadikeun ibu kota nagara.
De jure-na mah, Pupuhu nagara nu ngawasa waktos ieu masih dina paséa antara Presidén Mahmoud Abbas ti Faksi Fatah jeung Pupuhu Déwan Législatif Paléstina Aziz Duwaik. Tapi, de facto-na, otoritas Paléstina dina pingpinan Présidén Mahmoud Abbas ngan ngawasaan wewengkon Tepi Kulon. Wewengkon Gaza dikawasaan ku Hamas dina pingpinan bekas Perdana Menteri Ismail Haniyéh, saenggeus Hamas ngarebut wewengkon ti otoritas Paléstina dina taun 2007. Déwan Nasional Paléstina, nu idéntik jeung Parlemén Paléstina, nu anggotana 500 urang. Dina institusi ieu diwangun ti:
- Komite Éksekutif.
- Kahijian Institusi Panerangan.
- Intitusi Kamilitéran Paléstina.
- Pusat Risét Paléstina.
- Pusat Tata Parancangan Paléstina.
Dina hal ieu, Komite Éksekutif ngahandapan Départemén Atikan jeung Kabudayaan, Panerangan, Pandanaan Nasional Paléstina, Organisasi Massa, Lemah Cai nu Dijajah, Piwakil PLO, Masalah Politik, Masalah Administrasi jeung Masalah Kamilitéran.
Remove ads
Ékonomi
Sumber kauangan pikeung ngabiayaan pamaréntahan ayeuna asalna ti nagara-nagara Wétan Tengah, Institusi Islam sarta inohong nu mibanda simpati ngeunaan pijuangan nagara ieu. Saméméhna, Paléstina miboga sumber kauangan ti hasil pajak nu dibéréan ku Israél. Tapi ti sababaraha waktos lami, kocoran dana dihentian sacara sapihak ku Israél tina pasatujuan Amérika Sarikat. Hal ieu dilaksanakeun cenah lantaran yén kocoran dana nu dibéréan rék digunakeun pikeuan kagiatan ngalawan Israél ku Hamas nu keur kamari meunangan Pamilihan Umum di Paléstina.
Remove ads
Sajarah
Diwangunna nagara Paléstina didorong ku harepan pikeun ngahijian populasi Paléstina yangnu diwangun ti rupa-rupa étnis. Béwara wangunna nagara ieu dilaksanakeun ku Pupuhu Organisasi Pabebasan Palestina (PLO), Yasser Arafat nu teras jadi Présidén Paléstina, ti pusat pamaréntahan di pangasingan, di Aljiria, Aljazair. Ti hukum interansional, éksisténsi nagara ieu rapuh sabab salian teu diakuan ku sabagian nagara anggota Déwan Kaamanan PBB, ogé akibat wewengkon géografi nu masih teu jelas teuing.
Sabalikna, institusi internasional milu méré dukungan ka Paléstina. Sakretaris Jénderal PBB ngundang Yasser Arafat pikeun nepikeun biantarana dina sidang di New York dina Désémber 1988. Tapi Pamaréntah Amérika Sarikat nolak méré visa asup ka Arafat, teras tempat sidang dipindahkeun ka Jénéwa. Dina biantarana, Arafat negaskeun yén PLO hayang nyieun kontak langsung jeung Amérika. Tapi, lantaran lobi Yahudi Amérika nu kuat, Paléstina teu hasil miboga pangakuan ti Amérika.
Tempo ogé
- Daptar partai politik di Otoritas Nasional Paléstina
- Organisasi Pabébasan Palestina
- Yasser Arafat
- Konflik Israél jeung Paléstina
- Hamas
- Israél
Cataten jeung réferénsi
Tumbu luar
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads

