Panonpoé
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Panonpoé (ᮕᮔᮧᮔ᮪ᮕᮧᮆ) nyaéta béntang na tatasurya urang. Planét Marcapada jeung sakabéh dulurna, boh planét terestrial atawa raksasa gas, ngurulingan Panonpoé. Nu séjénna nu ngurilingan Panonpoé kayaning astéroid, météoroid, komét, objék Trans-Neptunius, jeung, tangtu bae, kebul. Panonpoé salah sahiji barang langit anu jadi asal cahya alatan bisa ngahasilkeun sarta mancarkeun cahya sorangan. Panonpoé kaasup salah sahiji béntang ti mangmilyar-milyar béntang anu aya di angkasa.[1]
Sacara kimiawi, kira-kira tilu parapat massa panonpoé diwangun tina hidrogén, sedengkeun sésana lolobana mah diwangun ku Hélium.Sésa massana (1,69%, sarua jeung 5.629 kali massa Marcapada) diwangun ku élemén-élemén beurat siga oksigén, karbon, néon, jeung beusi.
Panonpoé kajieun kira-kira 4,6 miliar taun katukang kusabab luruhna gravitasi hiji wilayah dina jero méga molekul badag. Sabagéan badagna matéri kakumpul di tengah, samentara sésana ngaipisan jadi cakram nu medar nu engkéna jadi Surya Mandala. Massa puseurna beuki panas jeung padet anu matak ahirna ngamimitian fusi térmonuklir dina jero intina. Dikira-kira lamun kabéh béntang anu lianna kawangun ku prosés anu sarua. Klasifikasi béntang panonpoé, dumasar kana kelas spéktrumna, nyaéta béntang dérét utama G (G2V) jeung ogé osok diasupkeun kana katai konéng kusabab radiasi katempona téh leuwih katénjo dina porsi spéktrum konéng-beureum. Masingkeun warnana bodas, tina permukaan Marcapada, panonpoé katempo konéng kusabab nyampurna cahaya paul/biru di atmosfir. Numutkeun kana lébel kelas spéktrum,G2 nandakeun suhu permukaanna kira-kira 5778 K (5505 °C) jeung V nandakeun lamun panonpoé, jeung bararéntang anu lianna, mangrupa béntang dérét utama, anu matak energina kacipta ku fusi nuklir nukleus hidrogén ka jero hélium. Dina jero intina, panonpoé ngafusikeun 620 yuta ton métrik hidrogén satiap detik.
Remove ads
Ciri fisik jeung nu séjénna
Panonpoé mangrupa béntang nu kaasup kelas spéktral G2, nu hartina béntang ieu téh leuwih badag sarta leuwih panas batan rata-rata, tapi ukuranana leuwih leutik batan béntang raksasa biru. Béntang G2 mibanda umur runtuyan utama kira 10 milyar taun; Panonpoé téh umurna kira geus 5 milyar taun, dumasar nukléokosmokronologi.
Mangpaat panonpoé
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
