Poliamida

From Wikipedia, the free encyclopedia

Remove ads

Polyamide/poliamida nyaéta salah sahiji makromolekul anu mibanda bagian-bagian sarua repeating unit dikantétkeun ku amide.[1] Polyamide ieu aya ogé anu dihasilkeun ti alam bébas. Contona sababaraha protéin polyamide ieu di antarana waé wol jeung sutra. Ieu Polyamide bisa ogé dijieun sintesisna nyaéta ku jalan di polimerisasi bahan anu bisa dijieun ku ngaliwatan ieu polimerisasi nyaéta nilon, aramid, jeung sodium poly(aspartate). Polyamide anu dihasilkeun tina maké cara sintésis loba dimangpaatkeun keur kabutuhan pabrik tékstil, pakakas kandaraan, karpét, ogé pakakas olahraga anu ngabutuhkeun kakuatan jeung katahanan. Nurutkeun catetan anu panglobana ngamangpatkeun ieu Polyamide (PA) utamana industri trasportasi, malah nepika 35%.[2]

Remove ads

Rupa-rupa Polyamide

Polimér anu diwangun ku asam amino umumna mangrupa polypeptide atawa protéin. Numutkeun kana komposisi kantétan anu utamana, polyamide sintésis digolongkeun kana sabaraha rupa saperti di handap ieu:

Informasi leuwih jero Kulawarga Polyamide, Kantetan Utamana ...

Sakabéh poliamida anu dijieun ku ngamangpaatkeun kantétan amida pikeu ngantétkeun dua molekul monomer babarengan. Atawa bisa ogé amida sorangan (biasanamah laktam siklik umpamana Caprolactam), α, asam amino ω-atawa campuran stoikiometri tina diamina jeung hiji asam dikarboksilat. Kaduana bisa ngahasilkeun anu disebut homopolimer. Poliamida gampang pisan dikopolimerisasikeun, ka hareupna bisa jadi campuran monomer loba dirobah ka kopolimer.

Asam amino Bisa disebut monomér tunggal (di mana aya anu béda antara Grup R éta teu dipaliré) réaksi jeung molekul anu sarua baris ngawangun poliamida:

Thumb
Réaksi dua asam amino. Lobana ieu réaksi ngahasilkeun ranté panjang ''protein''

Aramid (dina gambar di handap) hasil tina dua monomer anu béda tuluy patukeur ngawangun polimer jeung mangrupa poliamida aromatik:

Thumb
Hiji réaksi-phenyl-diamine (para-phenylenediamine) jeung klorida tereftaloil pikeun ngahasilkeun Aramid
Remove ads

Tinggali Ogé

  • Polyamide-imide

Dicutat Tina

Baca Ogé

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads