Rubakpita

From Wikipedia, the free encyclopedia

Remove ads

Rubakpita (Basa Indonésia: lebar pita Basa Inggris: bandwidth Basa Walanda: bandbreedte) dina téknologi telekomunikasi nyaéta lega wewengkon frékuénsi tinangtu atawa béda antara frékuénsi panghandapna jeung frékuensi pangluhurna dina wewengkon frékuénsi tinangtu. Contona, sambungan telepon mibanda 'rubakpita 3000Hz (Hertz), anu mangrupa wewengkon antara frékuénsi pangluhurna (3300Hz) sarta frékuénsi panghandapna (300Hz) anu bisa diliwatan ku sora manusa.

Dina jaringan komputer, rubakpita nujul kana laju pamindahan data, umumna dina hijian Kbps (kilobit pér detik/kilobite per second).

Remove ads

Bandwidth filter (atawa sistem)

Bandwidth WB Low-pass filter idéal sarua jeung cutoff frequency bogana, nyaéta .

Thumb.

Bandwidth bandpass filter idéal sarua jeung WB = c2 - c1. Titik tengah = (c1 + c2)/2 disebut frékuénsi tengah filter.

Thumb.

Sahiji bandpass filter disebut pita sempit lamun WB << .

Euweuh définisi bandwidth pikeun high-pass filter jeung bandstop filter.

Pikeun filter dina pamakéan sapopoé atawa filter non-idéal, définisi umum pikeun bandwidth filter nyaéta bandwidth 3-dB, W3 dB. Dina hal low-pass filter, W3 dB ditetepkeun salaku frékuénsi positif di mana spéktrum amplitudo turun nepi ka hiji harga nu sarua jeung .

Thumb.

Pikeun bandpass filter, W3 dB ditetepkeun sabagé béda anatara dua frékuénsi di mana turun nepi ka hiji harga nu sarua jeung kali harga puncak dina frékuénsi tengah filter (nu disebut frékuénsi tengah pita atawa midband frequency).

Thumb.

Perlu dicatet yén bandwidth didéfinisikeun di sapanjang sumbu frékuénsi positif.

Remove ads

Bandwidth sinyal

Bandwidth tina hiji sinyal bisa didéfinisikeun sabagé amparan frékuénsi di mana sabagian gedé énergi atawa daya ngadumuk. Définisi ieu rada midua sarta gumantung kana pajangjian. Jadi aya réa définisi pikeun bandwidth sinyal. Contona, bandwidth daya tina hiji sinyal ditetepkeun sabagé di mana mangrupa amparan di mana 99% daya ngadumuk.

Bandwidth sinyal x(t) ogé bisa didéfinisikeun sarua jeung bandwidth filter nyaéta bandwidth 3 dB.

Remove ads

Tempo ogé

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads