Sampling

From Wikipedia, the free encyclopedia

Remove ads

Dina pamrosésan sinyal, sampling téh nyaéta pangurangan hiji sinyal kontinyu jadi hiji sinyal diskrit. Hiji conto umum nyaéta parobahan (konvérsi) hiji gelombang sora jadi sajajaran conto (sampel) (hiji sinyal waktu diskrit).

Sampling sakedapan

Upamakeun urang ngalakukeun sampling (nyokot conto) tina hiji sinyal sambarang m(t) sakeudeung-sakeudeung dina laju anu saragem, nyaéta tiap Ts detik. Mangka urang bakal meunang sajajaran conto (sampel) m(nTs), di mana n ngalap sakabéh harga bilangan buleud anu mungkin. Bentuk sampling idéal saperti kieu disebut instantaneous sampling atawa sampling sakedapan.

Sinyal nu disampling idéal

Thumb
Sampling sinyal sacara ideal.

Lamun sinyal m(t) dina gambar pangluhurna dina gambar beulah kénca dikalikeun jeung sajajaran hijian impuls dina gambar nu di tengah gambar beulah kénca kasebut mangka baris dihasilkeun:

anu digambarkeun dina gambar panghandapna. Sinyal ms(t) ieu disebut sinyal anu disampel idéal.


Remove ads

Sampling praktis

Sampling natural

Sanajan sampling sakedapan mangrupakeum modél anu nyenangkeun, aya cara anu leuwih praktis pikeun nyokot sampel sinyal analog sinyal kawates m(t) nyaéta ku sirkuit saklar laju gancang. Conto sirkuit dimaksud sarta sinyal hasil samplingna bisa ditingali dina gambar di handap ieu:

Thumb

Sinyal hasil sampling xns(t) bisa ditulis:

di mana xp(t) nyaéta jajaran pulsa sagiopat périodik anu périodana Ts sarta masing-masing pulsa sagiopat dina xp(t) boga rubak d jeung amplitudo 1.

Sampling rata luhur

Padika sampling anu paling basajan, praktis sarta populér bisa dilakukeun ku sirkuit blok fungsional anu dingaranan sirkuit sample-and-hold (S/H). Sirkuit kasebut sarta sinyal hasil samplingna bisa ditingali dina gambar di handap ieu:

Thumb

Tempo ogé

Rujukan

Tumbu ka luar

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads