Sastra

From Wikipedia, the free encyclopedia

Sastra
Remove ads

Sastra téh asalna tina kecap Sangsekerta; sas jeung tra. Sas téh akar kecap dina rundayan nu hartina : ngarahkeun; ngajarkeun; ngawulangkeun; méré pituduh atawa paréntah.[1][2]

Thumb
sastra tulis

Tra téh mangrupa kecap ahiran nu biasana nuduhkeun alat; pakakas; sarana. Jadi Sastra hartina pakakas pikeun miwulang; buku pituduh; buku intruksi atawa buku pangajaran.[1] Dina budaya Sunda aya nu disebut susastra anu hartina tulisan anu éndah.[1] Numutkeun A.Teeuw sastra téh etimologina tina basa Yunani téa littera; nu harti saujratna nyaéta tulisan, éta kecap téh tuluy dipaké ku bangsa Latin, ti dinya nyebar ka sakuliah dunya, di antarana Inggris, Prancis, jeung Belanda.[3] Harti sastra (tulisan) téh kudu dipaluruh deui dina hubunganana jeung tujuh ciri basa tinulis.[3] Memang aya poténsi satra dina tujuh ciri basa tinulis tapi ogé sastra henteu idéntik jeung basa tinulis, lantaran aya sastra anu poténsina tina basa lisan nu disebut sastra lisan téa.[3]

Remove ads

Fungsi Sastra

Sastra dipercaya ngandung rupaning mangpaat pikeun kahirupan manusa .[3] Ajén guna sastra anu paling kakoncara nyaéta :

  • Éndah hartina sarua jeung méré hiburan atawa kasugemaan
  • Manpaat hartina lain saukur heuheureuyan tapi kagiatan anu dilaksanakeun kalawan bener mibanda tujuan.[3]

Wangun Sastra Sunda

Aya tilu wangun sastra dina sastra sunda nyaéta prosa, puisi, jeung drama.[1]

  1. Prosa nyaéta karangan dina rakitan basa sapopoé; lancaran, tanpa ngolah atawa ngatur intonasi anu matok.[1] Warna prosa aya nu heubeul, jeung aya nu anyar. Karya sastra Sunda nu heubeul dina wangun prosa nyaéta dongéng.[1]
  2. Puisi nyaéta karangan nu basana dirakit pinuh ku wirahma, kauger ku wangun jeung diksi, ungkara kalimahna henteu lancaran.[1] Puisi sunda dina wangun heubeul aya nu nagjujud carita saperti : pantun jeung wawacan, sedengkeun anu teu ngawangun sastra saperti : mantra, kakawihan, sair, jeung pupuh.[1]
  3. Drama
Remove ads

Rujukan

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads