Sentég
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Sentég (mousetrap) nyaéta pakakas (pitapak) anu dipaké pikeun néwak beurit.[1]Urang Lampung nyebut kana senteg téh gerubing atawa sebeti.[2]Sentég ilaharna dipaké néwak beurit anu aya di imah, beurit sawah jeung beurit kebon biasana diracun atawa ngahaja diboro babarengan mangsa usum tandur atawa saméméh melak tatanén.[3]

Cara gawé sentég taya lian ngadempét atawa ngurungan beurit anu kaparengan bongoh tur ngahakan eupan anu disadiakeun dina sentég nepi ka teu bisa ngejat deui.[4] Sentég ditunda dina tempat anu remen katempo aya tapak beurit ngaliwat atawa pangulinanna saperti di pawon, goah, leuit, jeung sajabana.[1] Sangkan beurit kataji tur nyampeurkeun kana sentég, kudu dieupanan ku dahareun anu dipikaresep ku beurit saperti: roti, kalapa, lauk, keju, jeung sajabana.[4] [1]
Sentég mimiti dipaténkeun ku William C. Hooker di Abingdon, Illinois, kalayan meunang nomer patén AS 528671 pikeun wujud (design) dina taun 1894.[5] Tuluy éta pamanggihna disampurnakeun ku John Mast taun 1899, ngarobah hasil rarancang Hooker palebah panyepét beurit sangkan henteu ngabalukarkeun ramo jalma henteu milu kacepét atawa raheut.[6] Sagigireun kitu ogé panyepétna leuwih gampang mangsa ngaleupaskeun beuritna, hak patén tina ieu parobahan ditarima ti pamaréntah Amerika di Lititz, Pennsylvania.[6]
Remove ads
Dicutat tina
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
