Kapuloan Solomon
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Kapuloan Solomon (/ˈsɒləmən ˈaɪləndz/ (
dangukeun)[3]) mangrupa hiji nagara daulat di Oséania, wétaneun Papua Nugini, miboga ampir sarébu pulo. Ibu kotana, Honiara, aya dina pulo Guadalcanal. Nagara ieu mangrupa anggota Pasamakmuran Bangsa-Bangsa.
- Pikeun grup kapuloannana, tempo Kapuloan Solomon (arsipélago).
Kapuloan Solomon dipercaya geus didumukan ku urang Mélanésia ti rébuan taun baheula. Navigator Spanyol Alvaro de Mendaña mangrupa urang Eropa kahiji nu datang ka Kapuloan Solomon, dina 1568, jeung méré ngaran Islas Salomon. Britania Raya ngawangun hiji protékorat kana Kapuloan Solomon dina 1893.
Pamaréntahan sorangan dipiboga dina 1976 jeung kamerdékaan dua taun sanggeusna. Kapuloan Solomon mangrupa hiji monarki konstitusional kalawan Ratu Kapuloan Solomon, ayeuna Elizabeth II, salaku pupuhu nagara.
Remove ads
Propinsi

Pikeun pamaréntahan lokal, nagara ieu dibagi kana 10 wewengkon administratif, nu mana salapan mangrupa propinsi nu diadministrasi ku majelis propinsi, jeung hiji deui nyaéta Honiara, diadministrasi ku Déwan Kota Honiara.
- Tengah
- Choiseul
- Guadalcanal
- Isabel
- Makira-Ulawa
- Malaita
- Rennell jeung Bellona
- Temotu
- Kulon
- Honiara
Remove ads
Tempo ogé
- Laguna Lau
- Daptar nagara
Réferénsi
Tumbu kalura
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads


