Spanyol

From Wikipedia, the free encyclopedia

Spanyol
Remove ads

Karajaan Spanyol (basa Spanyol jeung Galisia: Reino de España, Katalan: Regne d'Espanya, Basque: Espainiako Erresuma) mangrupa hiji nagara di Éropa kidul-kulon nu, bareng jeung Portugal, aya di Samenanjung Ibéria. Wates darat Spanyol jeung Éropa nyaéta Pagunungan Pirenia jeung Perancis sareng Andorra. Wewengkonna ogé diwangun ti kota Ceuta jeung Melilla di Afrika Kalér, Kapuloan Canary di Samudra Atlantik, jeung rupa-rupa pulo di Laut Tengah.

Fakta Singget Reino de EspañaKarajaan Spanyol, Basa resmi ...
Remove ads

Géografi

 Artikel utama: Géografi Spanyol.

Téritori Spanyol diwatesan ku Portugal di kulon, sarta Gibraltar jeung Maroko di kidul. Spanyol tepung wates jeung Perancis sareng Andorra di kalér-wétan dina Pagunungan Pirenia. Wates lautna nyaéta Samudra Atlantik di kulon jeung Teluk Biscay di kalér sarta Laut Tengah di wétan, di mana Spanyol miboga wewengkon Kapuloan Balearik. Di kidul, aya Selat Gibraltar. Kota-kota di Spanyol kalawan jumlah padumuk nu panglobana nyaéta Madrid, Barcelona, Valencia, Sevilla, jeung Málaga.

Iklim Spanyol dibagi kana opat bagian:

  • Méditérania
  • Wewengkon jero
  • Basisir kalér
  • Canary
Remove ads

Babagian administratif

Spanyol dibagi kana 50 prpvinsi, dikategorikeun dina 17 wewengkon otonomi jeung 2 kota otonom nu miboga otonomi nu lega.

Wewengkon otonomi

 Artikel utama: Wewengkon otonomi Spanyol.

Spanyol diwangun ti 17 wewengkon otonomi (comunidades autónomas) jeung dua kota otonom (ciudades autónomas; Ceuta jeung Melilla).

  • Andalusia (atawa Andalucía)
  • Aragon
  • Asturias
  • Kapuloan Balearik
  • País Vasco (atawa Basque Country)
  • Kapuloan Canary (Islas Canarias)
  • Cantabria
  • Castile-La Mancha (Castilla-La Mancha)
  • Castile dan Leon
  • Katalonia
  • Extremadura
  • Galicia
  • La Rioja
  • Madrid
  • Murcia
  • Navarre
  • Valencia

Propinsi

Thumb
Wewengkon otonomi Spanyol
 Artikel utama: Propinsi Spanyol.

Karajaan Spanyol dibagi ogé kana 50 propinsi (provincias). Wewengkon otonomi ngategorikeun sababaraha propinsi (Extremadura, contona, diwangun ti dua propinsi: Cáceres jeung Badajoz). Wewengkon otonomi Asturias, Kapuloan Balearik, Cantabria, La Rioja, Navarre, Murcia, jeung Madrid masing-masing diwangun ti hiji propinsi. Tradisionalna, propinsi-propinsi éta dibagi deui kana comarcas.

Wewengkon kadaulatan

Aya lima énklave (plazas de soberanía) di laut basisir Afrika: kota Ceuta jeung Melilla diparéntah salaku kota-kota otonom, hiji status nu aya di antara kota jeung wewengkon otonomi; kapuloan Islas Chafarinas, Peñón de Alhucemas, jeung Peñón de Vélez de la Gomera aya dina pamaréntahan langsung Spanyol.

Ceuta jeung Melilla, sanajan resmina sanés mangrupa comarcas, miboga status istiméwa ogé.

Remove ads

Ékonomi

 Artikel utama: Ékonomi Spanyol.

Ékonomi Spanyol mangrupa sistem ékonomi campuran nu panggedéna kasalapan di dunya jeung kalima di Éropa dumasar kana GDP. Spanyol ogé mangrupa invéstor nu panggedéna katilu di dunya.[5]. Pariwisata jeung industri mobil minangka salah sahiji widang nu paling dipinunjulkeun ku Spanyol.

Réferénsi

Tempo ogé

Tumbu kaluar

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads