Suku

From Wikipedia, the free encyclopedia

Suku
Remove ads

Suku (lemes: sampéan, lemes pisan: dampal, cohag: cokor) nyaéta anggota awak jelema atawa sato gunana pikeun nagtung jeung leumpang.[1]

Thumb
suku manusa

Babagian Suku

  • Bincurang bagian suku antara tuur jeung pigeulang suku bagian hareup.[2]
  • Bitis bagian suku antara tuur jeung pigeulang suku bagian tukang.[2]
  • Buah bitis bagian nu menjekul dina bitis.[2]
  • Cacariuan tulang dina sambungan tuur beulah hareup, bagunna siga cariu.[2]
  • Cécéngkolan bagian suku antara bitis jeung keuneung, atawa bagian nu legok tukangeun tuur antara pingping jeung bitis.[2]
  • Dampal suku bagian suku panghandapna anu napak kana titincakan.[2]
  • Indung suku nyaéta ramo suku panggedéna.[2]
  • Kacapuri nyaéta puhu suku.[2]
  • Keuneung bagian suku antara cécéngkolan jeung dampal suku tukang.[2]
  • Kuku bagian saperti tanduk dina ramo.[2]
  • Mumuncangan bagian suku anu ngabenggul sagedé muncang, gigireun pigeulang suku jeung cecekolan kénca-katuhu.[2]
  • Pigeulang suku bagian suku antara bincurang jeung tonggong suku.[2]
  • Pingping bagian suku antara puhu pingping jeung tuur.[2]
  • Puhu pingping bagian suku pangluhurna anu tepung jeung awak.[2]
  • Tonggong suku bagian suku handapeun pigeulang, tukangeun dampal suku.[2]
  • Tuur bagian suku lebah sambungan tulang, handapeun pingping luhuren bitis.[2]
Remove ads

Rujukan

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads