Téstostéron
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Téstostéron nyaéta hormon stéroid ti golongan androgén nu kapanggih di mamalia, réptil[1] birds,[2], jeung vertebrata lianna. Di mamalia, téstostéron utamana disékrési dina téstis jalu jeung ovarium bikang, sarta saeutik ti kelenjar adrénal. Ieu jat kaasup hormon séks utama pikeun jalu sarta kaasup stéroid anabolik.
Pikeun lalaki, téstostéron téh minangka konci pikeun kamekaran jaringan réproduksi lalaki, kayaning téstis jeung prostat, sarta ngadorong ciri-ciri séksual sekundér sarupaning otot anu onjoy, massa tulang, jeung tumuwuhna bulu awak[3]. Lian ti éta, téstostéron ogé ésénsial pikeun kawaluyaan awak[4] jeung nyegah ostéoporosis[5].
Rata-rata, awak lalaki anu geus sawawa ngahasilkeun téstostéron sapuluh tikelna awak awéwé, tapi awéwé leuwih sénsitip ka ieu hormon[6].
Téstostéron dihasilkeun ku ampir sakabéh vertebrata. Lauk ngahasilkeun bentuk anu rada béda anu disebut 11-ketotéstostéron[7], anapon serangga ngahasilkeun ékdison[8].
Remove ads
Rujukan
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads