Uzbékistan
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Républik Uzbékistan (atawa Uzbékstan atawa Ozbékistan), nami resmina Républik Uzbékistan (basa Uzbék: O‘zbekiston Respublikasi atawa O‘zbekiston Jumhuriyati; Sirilik: Ўзбекистон Республикаси; basa Rusia: Республика Узбекистан), nyaéta hiji nagara di Asia Tengah, nu saencanna téh wewengkon ti Uni Soviét. Nagara anu daérahna kakurung daratan ieu tepung wates jeung Kazakhstan di kulon jeung kalér; Kyrgyzstan jeung Tajikistan di wétan; jeung Apganistan jeung Turkménistan di kidul. Bsa resmina téh ngan basa Uzbék, nyaéta kaasup basa Turk, tapi basa Rusia tetep digunakeun, titinggal pamaréntahan Soviét. Kirang leuwih 1 juta suku Tajik, kalompok étnis nu sarumpun jeung bangsa Pérsia, nyicingan nagara ieu,[1] ogé mangrupa 4,8% ti populasi.[2] Kecap Ozbek diwangun ti oz ("sajati/asli") jeung bek ("pamingpin/bangsawan"), jadina "Ozbek" téh hartina "bangsawan" atawa "pamingpin sajati".
Remove ads
Sajarah
Wewengkon Uzbékistan geus dicicingan ti milennium kadua SM. Aya papanggih pakakas purba manusa jeung monumén-monumén di wewengkon Ferghana, Tashként, Bukhara, Khorezm (Khwarezm, Khorasmia), jeung Samarkand.
Alexander Agung nalukkeun Sogdiana jeung Baktria dina taon 327 SM, kawin jeung Roxana, murangkalihna pupuhu séké Baktria satempat. Tapi, panalukan ieu rupina heunteu loba nulungan Aléxander sabab rahayat ngalawan hangitna.[rujukan?]
Dina loba abad, wewengkon Uzbékistan dipérintah ku Kakaisaran Iran, saperti Kakaisaran Parthia jeung Sassanian.
Dina abad ka-14 M., Timur, nu diwanoh ogé sabagé Timur Lénk, ngéléhkeun bangsa Mongol jeung ngawangun hiji imperium. Dalam peperanganna, Timur Lenk ngaluaskeun wewengkonna nepi ka Wétan Tengah. Manéhna ngéléhkeun Sultan Ottoman Bayezid I. Bayezid ditangkep jeung maot waktos keur dipanjara. Timur Lenk nyobian ngawangun ibukota imperiumna di Samarkand. Ayeuna, Timur Lenk dianggap sabagé salah sahiji pahlawan ageung di Uzbékistan nu peryogi dina idéntitas jeung sajarah nasionalna. Saenggeus labuhna Impérium Timur Lénk, kaom nomaden Uzbék ngarebut wewengkon ieu. Dina abad ka-19, Kakaisaran Rusia ngamimitian ékspansina jeung nyebar ka Asia Tengah, kaasup ka Uzbékistan.
Remove ads
Propinsi jeung Distrik
Uzbékistan kabagi kana 12 propinsi (disebut Viloyat), hiji républik otonom, jeung hiji dayeuh indepénden.
Remove ads
Tempo ogé
- Andijan
- Daptar nagara
Tumbu luar
![]() |
Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung Category:Uzbekistan. |
Catetan suku
![]() |
Artikel ngeunaan géografi ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
Remove ads
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads