Vitamin
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Vitamin hartina molekul organik nu diperlukeun ku mahluk hirup dina jumlah anu saeutik sangkan bisa séhat. Organisme nu kakurangan vitamin bakal katarajang kasakit nu gejalana spésifik pikeun éta vitamin. Vitamin bisa digolongkeun dumasar kaleyuranana dina cai atawa dina lemak.
Sacara umum, hiji organisme kudu ngala vitamin atawa prékursor métabolikna ti luareun awak, utamana dina dahareun. Conto vitamin nu diturunkeun tina prékursor dina jero awak nyaéta vitamin A, nu bisa dijieun tina béta karotén; niasin tina asam amino triptopan; sarta vitamin D tina poncorong sinar ultrabungur kana kulit.
Istilah vitamin teu ngawengku zat gizi ésénsial lianna samodél mineral, asam lemak ésénsial, atawa asam amino ésénsial, sarta henteu ogé rupa-rupa kadaharan nu dituang dina jumlah anu loba. Kecap vitamine munggaran diwanohkeun ku biokimiawan Polandia, Casimir Funk, taun 1912. Vita dina basa Latin hartina hirup, sedengkeun ahiran -amine pikeun amina; harita mah sakabéh vitamin téh disangka kaasup golongan amina.
Remove ads
Sajarah
Ajén nuang sababaraha rupa katuangan pikeun ngajaga kaséhatan téh mangrupa hal nu ilahar di alam tradisional, saméméh urang mikawanoh istilah vitamin. Urang Mesir Kuna apal yén nu kotokeun bisa ditatambaan ku loba dahar ati, ayeuna kanyahoan alatan kakurangan vitamin A. Taun 1747, dokter bédah Skotlandia James Lind manggihan yén katuangan tina bangsa jeruk bisa nulungan nyegah sariawan, kasakit alatan kalemah ngabentuk kolagén, nu cirina di antarana tatu hésé cageur/garing jeung gusi getihan teu pupuguh. Taun 1753, Lind medalkeun Treatise on the Scurvy, ngan hanjakal loba nu teu sapuk kana papanggihanana. Misalna baé dina ékspédisi Angkatan Laut Karajaan Inggris ka Arktik abad ka-19, sariawan téh bisa dicegah ku kabersékaan dina kapal, olahraga maneuh, sarta ngajaga moral pajurit, teu mikirkeun pentingna katuangan seger. Balukarna, salila ékspédisi pangeusi kapal diganggayong sariawan. Dina dua ékspédisi Robert Falcon Scott ka Antartika awal abad ka-20, téori nu mucunghul ngeunaan nu jadi sabab-musabab sariawan téh nyaéta pangan kaléngan anu geus ruksak.
Remove ads
Vitamin pikeun manusa
Pikeun manusa, aya tilu welas vitamin nu kabagi kana dua golongan: opat vitamin nu leyur dina lemak (A, D, E jeung K) jeung salapan vitamin nu leyur dina cai (vitamin C jeung dalapan vitamin B).
^ Kakurangan asam folat (vitamin B9) di wanoja kakandungan patali jeung cacad lahir jeung kangker.
^ Vitamin C kadang dianggap makronutrien batan vitamin.
Zat gizi lianna nu teu kaasup vitamin, di antarana karnitin (aya dina daging, lauk), DMAE (lauk, endog, kacang kadelé, uteuk), asam lipoat (ati), asam folinat (ati), bioptrin (lauk, ati), PPQ jeung koénzim Q (daging, yoghurt, kacang kadelé).
Kurang/leuwih asupan vitamin
Hiji organisme bisa tahan sababaraha lilana tanpa protéin, tapi mun lila teuing mah bisa ngabalukarkeun panyakit, rasa nyeri, dugi ka bisa maot. Kapasitas simpenan vitamin dina awak urang rupa-rupa, gumantung jenis vitaminna.
Vitamin nu leyur dina lemak bisa disimpen dina jero awak sarta bisa toksik mun loba teuing nuangna, sedengkeun vitamin nu leyur na cai teu disimpen (iwal vitamin B12 nu disimpen dina ati).
Remove ads
Pseudo-vitamin
- Vitamin F tadina nujul ka asam lemak ésénsial nu teu bisa dijieun ku awak, tapi lajeng teu diasupkeun kana golongan vitamin, sabab kaasup asam lemak nu dipikabutuh ku awak dina jumlah nu loba.
Vitamin non-manusa
Pangabutuh zat gizi téh gumantung ka organismena. Mamalia sacara umum butuh vitamin nu sarua jeung manusa. Conto nu henteuna mah vitamin C, nu bisa disintésis ku sakabéh mamalia, iwal primata luhur jeung guinea pig.
Baca ogé
- Zat gizi
- Mineral asupan
- Asam amino ésénsial
- Kasakit alatan kurang gizi
- Parmakologi
- Karacunan vitamin
Rujukan
- Vitamin, Wikipédia édisi basa Inggris (3 Méi 2006).
- Maureen Barlow Pugh et.al. (éd.). 2000. Stedman's Medical Dictionary. Éd. ka-27. Baltimore: Lippincott Williams & Wilkins.
- Donatelle, Rebecca J. 2005. Health: The Basics. Éd. ka-6. San Francisco: Péarson Education, Inc.
- Funk, C. & H. E. Dubin. 1922. The Vitamines. Baltimore: Williams and Wilkins Company.
- The History of Vitamin Discovery. Salinan ping 1 Péb. 2005.
- Bellis, Mary. History of Vitamins[tumbu nonaktif]. Salinan ping 1 Péb. 2005.
- Challem, Jack. 1997. The Past, Present and Future of Vitamins. Salinan ping 1 Péb. 2005.
- Léonhardt, David. 2004. Vitamin A - The Glow in the Dark Vitamin Archived 2005-02-07 di Wayback Machine. Salinan ping 1 Péb. 2005.
- A Brief Update on Ubiquinone (Coenzyme Q10), J. Orthomol. Med. 15 (2):63-68. Archived 2006-04-21 di Wayback Machine
Remove ads
Tumbu kaluar
- Tabel USDA RDA dina pormat PDF Archived 2006-11-05 di Wayback Machine
- Vitamin contents of 7000 foods and tool to track your vitamin intake Archived 2006-05-13 di Wayback Machine
- The lab which discovered the enzyme associated with PQQ Archived 2006-06-19 di Wayback Machine
- Health Canada Dietary Reference Intakes Reference Chart for Vitamins
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads