Whitney Houston

From Wikipedia, the free encyclopedia

Whitney Houston
Remove ads

Whitney Elizabeth Houston leuwih dipikawanoh Whitney Houston(gumelar di Newark, New Jersey, Amérika Sarikat, 9 Agustus 1963  tilar dunya 11 Februari 2012 dina umur 48 taun) nyaéta saurang panyanyi asal Amérika Sarikat. Houston pernah nikah jeung penyanyi R&B, Bobby Brown taun 1992[1]. Tina hasil perkawinan éta ping 4 Maret 1993 lahir budak awéwé nu dingaranan Bobbi Kristina Houston Brown[1].Tapi éta rumah tanggana pipirakan dina ping 13 Séptémber 2006[1]. Whitney dipikawanoh salaku penyanyi, karir albumna dirilis taun 1985, ngaliwatan lagu You Give Good Love ngabalukarkeun manéhna bisa asup kana tangga lagu Billboard Hot 100[1]. Tuluy disusul ku kasuksésan lagu Saving All My Love for You, How Will I Know jeung Greatest Love of All,anu jadi jawara di tangga lagu Amerika Serikat[1]. Nalika taun 1980-an, Whitney pernah ngiluan audisi jang acara The Cosby Show, sanajan manéhna kaéléhkeun ku Sabrina Le Beauf[1]. Houston ogé pernah akting dina episode Gimme a Break bareng jeung Nell Carter ogé episode Silver Spoons bareng jeung Rick Schroder,saméméh ngamimitian karirna[1]. Taun 2009, Whitney ngaku yén manéhna geus jadi pecandu kokain dina wawancara ku Oprah Winfrey[2]. Manéhna nyebutkeun yén manéhna jadi leuwih gelo kana kokain sabada akting dina film The Bodyguard taun 1992[2].

Thumb
Whitney Houston (2009)
Thumb
Whitney Houston (2009)
Remove ads

Diskografi

Filmografi

Referensi

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads