Lukut mangrupa anggota kingdom tutuwuhan (Plantae) nu pangbasajanana nu mangrupa wangun alihan antara Thallophyita atawa tutuwuhan talus jeung Cormophyta atawa tutuwuhan kormus.[1] Harti tutuwuhan talus nyaéta can boga akar, batang, jeung daun sajati.[1] Sedengkeun tutuwuhan kormus nyaéta tutuwuhan anu geus boga akar, batang jeung daun sajati.[1] Lukut dipikawanoh ogé ku sebutan mosss.[1] Umumna tuwuhan lumut bisa tumuwuh kalayan gampang di tempat anu lembab. Tutuwuhan lumut sipatna autrof, ku sabab miboga sél-sél dengan plastida anu ngahasilkeun klorofil. [2] Awak lukut disimbutan ku lutikula lilin anu bisa ngurangan penguapan anu kaleuleuwihi dina awakna, ku kituna aya kamungkinan pikeun bisa adaptasi anu teu pati baseuh. Lukut kagolong salaku kormofita berspora, sabab ieu tutuwuhan ngahasilkeun spora salaku alat réproduksina.[2]

Thumb
Lukut Aspal Usum Tiis di Perancis

Struktur dina Lukut

  • Kolumera, nyaéta hiji jaringan anu teu bisa ilubiung dina sajumlah kawangunna spora.
  • Seta (gagang).
  • Apofisis, nyaéta bisa dilegaan di bagian tungtung jeung bisa dilengkepan ku kotak spora kana transisi.
  • Vaginula, nyaéta hiji akar anu ditutupan ku sésa dingding archegonium.
  • Caliptra (kap), nyaéta bisa asalna tina hiji dingding archegonium luhur jadi kap kotak spora.[2]

Referensi

Wikiwand in your browser!

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.

Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.