Endog, pikeun sababaraha sato, mangrupa zigot hasil fértilisasi ovum. Sato ovipar hartina sato nu ngendog, teu tumuwuh dina jero indungna. Ieu mangrupa cara baranahan rupa-rupa lauk, Amfibi, jeung réptil, sakabéh unggas, monotréma, sarta lolobana insékta jeung arachnid.