Baki
From Wikipedia, the free encyclopedia
Baki nyaéta parabot hampang nu dirarancang pikeun mawa barang. Ari dijieunna baheula mah tina rupa-rupa bahan, kaasup pérak, kuningan, lambaran beusi, triplék, kai, mélamin, jeung tiragaji. Ari baki anu murah mah dijieunna tina tiragaji nu dipadetkeun, ogé tina mélamin anu biasana dipaké di réstoran, warung kopi, jeung sajabana. Lamun baki nu biasa dipaké di imah-imah mah nyaéta baki nu jieun tina kai jeung palastik. Mun nu pangmahalna dijieun tina kuningan jeung pérak, dipakéna mun baheula keur mangsa karajaan mah di istina-istana raja, mun kiwari mah di hotél-hotél méwah. Sawatara baki aya nu aya ceulian aya ogé nu aya sukuan, aya ogé nu bolostrong baé wangunna buleud atawa pasagi panjang.[1] Ari baki wangunna datar, tapi mun diangkatkeun moal matak bahé atawa ngalalésér barangbawaanna téh. Kiwari baki dijieun rupa-rupa bentukna, tapi anu nu ilahar kapanggih mah bentukna oval atawa pasagi, sakapeung mah sok rada jangkungan sisina sarta aya ceulian deuih, pikeun ngagampangkeun ka nu mawana.