Kota Sukabumi
kota di propinsi Jawa Barat, Indonésia / From Wikipedia, the free encyclopedia
Kota Sukabumi nyaéta hiji kota di Propinsi Jawa Kulon, Indonésia. Kota Sukabumi ayana 115 km kiduleun Jakarta, tur wilayahna aya di tengah-tengah wilayah Kabupatén Sukabumi. Kota Sukabumi kawengku ku 7 kacamatan nu kabagi deui kana 33 kalurahan. Wates wilayah belah kalér jeung Kacamatan Sukabumi, Kabupatén Sukabumi. Wates wilayah belah kidul jeung Kacamatan Nyalindung Kabupatén Sukabumi. Wates wilayah belah kulon jeung Kacamatan Cisaat, Kabupaten Sukabumi. Wates wilayah belah wétan jeung Kacamatan Sukaraja, Kabupatén Sukabumi.[7]
Kota Sukabumi ᮞᮥᮊᮘᮥᮙᮤ | |||
---|---|---|---|
Alun-alun Sukabumi gigireun Masjid Agung | |||
| |||
Ngaran jujuluk: | |||
Motto: Reugreug pageuh répéh rapih Citakan:Su icon Teguh, kukuh, damai, rukun | |||
Lokasi di Jawa Kulon | |||
Nagara | Indonésia | ||
Région | Jawa | ||
Propinsi | Jawa Kulon | ||
Karasidenan | Karasidenan Priangan Karasidenan Buitenzorg | ||
Netep | 1 April 1914 (1914-04-01) | ||
Dasar hukum | UU Nomor 17 Tahun 1950[2] | ||
Pamaréntahan | |||
• Badan | Pamaréntah Daérah Kota Sukabumi | ||
• Walikota | Achmad Fahmi | ||
• Wakil Walikota | Andri Hamami | ||
• Sekretaris Daerah | Dida Sembada | ||
• Ketua DPRD | Kamal Suherman | ||
Lega | |||
• Total | 48,33 km2 (1,866 sq mi) | ||
Luhurna | 584 m (1,916 ft) | ||
Pangeusi (pertengahan 2021)[3] | |||
• Total | 350.804 | ||
• Réngking | ke-37 di Indonésia | ||
• Kapadetan | 73/km2 (190/sq mi) | ||
Démonim | Warga Sukabumi (id) Urang Sukabumi (su) | ||
Démografi | |||
• Ageman | Islam 95,62% Kristen 3,03% - Protestan 2,12% - Katolik 0,91% Buddha 0,91% Hindu 0,02% Nu lain 0,42%[4] | ||
Zona wanci | UTC+7 (Indonésia Bagéan Kulon) | ||
Kode pos | 431xx | ||
Kode aréa | +62266 | ||
Régistrasi tutumpakan | F xxxx S* / T* | ||
IPM | 74,60 (2021) Citakan:Fontcolor[5] | ||
Kacamatan panggedéna ku aréa | Lembursitu – 10,69 kilométer pasagi | ||
Kacamatan panggedéna dumasar populasi | Cikole (61,885 – sensus 2020)[6] | ||
Ramatloka | www |
Kota Sukabumi kawéntar ku jujuluk "Kota Moci". Jujuluk éta medal lantaran aya pangaruhna jeung kamekaran tempat wisata di Kota Sukabumi, anu ngajadikeun moci oléh-oléh utama Kota Sukabumi. Toko moci ngajajar di Kampung Kaswari, anu ngalantarankeun masarakat anu datang ka Kota Sukabumi kataji pikeun meuli, tug dugi ka ayeuna kawéntar yén Kota Sukabumi téh "Kota Moci".[8] Di taun 2022, Moci Sukabumi ditetepkeun jadi Warisan Budaya Tak Benda, katégorina kaasup dina cara ngolah kadaharan tradisional anu miboga ajén sajarah anu mekar sarta bisa ngawangun ékosistem budaya.[9]
Salian ti "Kota Mochi", Kota Sukabumi ogé miboga jujuluk "Kota Polisi". Éta jujuluk ditetepkeun dina Surat Keputusan Wali Kota Nomor 88.45/115-Huk/2022 Taun 2022. Ieu hal lantaran di Kota Sukabumi aya lembaga atikan polisi nasional anu buhun sa-Nusantara. Ngaran éta sakola téh nyaéta Sekolah Pembentukan Perwira (Setukpa) Lembaga Pendidikan dan Pelatihan (Lemdiklat) Polri. Dina mangsa panjajahan Walanda (Taun 1927-1942), éta sakola téh dingaranan Politie School (Opleiding School voor het personeel der politie). Lantaran miboga ajén historis, ku kituna Sukabumi ogé dilélér jujuluk "Kota Polisi" jeung Kota Toleransi.[10]