27 Juli nyaéta poé ka-208 dina sataun (ka-209 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 157 poé.
|
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung |
2019 | 2018 | 2017 | 2016 Baca ogé: Kalénder kajadian |
|
- 1291 - Direbutna deui kota Béirut ku umat Muslim, ti pangawasaan Tangtara Salib.
- 1549 - Kapal misionaris Yesuit Fransiskus Xaverius nepi di Kagoshima, Jepang.
- 1586 - Walter Raleigh mawa bako munggaran ka Inggris ti Virginia.
- 1890 - Vincent van Gogh némbak dirina sorangan sarta tuluy maot dua poé ti harita.
- 1920 - Kompas radio munggaran dipaké pikeun navigasi kapal udara.
- 1921 - Para panalungtik di Universitas Toronto nu diluluguan ku biokimiawan Frederick Banting ngémbarkeun panimuan hormon insulin.
- 1949 - Penerbangan munggaran de Havilland Comet, kapal tanaga jét nu mimiti.
- 1953 – Pamungkasan Perang Koréa kahontal nalika AS, Cina jeung Koréa Kalér naréken pasini daméy. Présidén Koréa Kidul Syngman Rhee nolak ngilu néken tapi janji bakal ngilu ngareureuhan perang.
- 1996 - Kajadian Sabtu Kelabu, kantor PDI di Jalan Diponegoro, Jakarta Pusat diserbu massa.
- 1844 – John Dalton, élmuwan Inggris (l. 1776)
- 1980 – Mohammad Reza Pahlavi, raja Iran (l. 1919)
|
Artikel ngeunaan kalénder ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |