From Wikipedia, the free encyclopedia
Surat Al Buruj (basa Arab:البروج) nyaéta surat ka 85 dina Al Qur'an. Surat ieu kagolongkeun kana surat makiyyah anu diwangun ku 22 ayat. Dingaranan Al Buruuj anu hartina rasi béntang dicokot tina kecap al buruuj anu aya dina ayat kahiji surat ieu.
Ayat ka | Tulisan Arab | Tarjamah basa Sunda |
---|---|---|
1. | وَٱلسَّمَآءِ ذَاتِ ٱلۡبُرُوجِ |
Demi langit nu mibanda rasi béntang. |
2. | وَٱلۡيَوۡمِ ٱلۡمَوۡعُودِ |
Jeung poé nu dijangjikeun. |
3. | وَشَاهِدٍ۬ وَمَشۡہُودٍ۬ |
Jeung nu nyaksian jeung nu disaksian. |
4. | وَشَاهِدٍ۬ وَمَشۡہُودٍ۬ |
Cilaka jelema nu nyieun kamalir. |
5. | ٱلنَّارِ ذَاتِ ٱلۡوَقُودِ |
(Kamalir) seuneu nu hurung ngéntab-ngéntab. |
6. | إِذۡ هُمۡ عَلَيۡہَا قُعُودٌ۬ |
Nalika maranéhna dariuk sakurilingeunana. |
7. | وَهُمۡ عَلَىٰ مَا يَفۡعَلُونَ بِٱلۡمُؤۡمِنِينَ شُہُودٌ۬ |
Jeung maranéhna jadi saksi kana saniskara nu dilimpahkeunana ka kaom muminin. |
8. | وَمَا نَقَمُواْ مِنۡہُمۡ إِلَّآ أَن يُؤۡمِنُواْ بِٱللَّهِ ٱلۡعَزِيزِ ٱلۡحَمِيدِ |
Jeung maranéhna henteu nyiksa (muminin) ti antara maranéhna, anging pedah maranéhna ariman ka Alloh Nu Gagah, Nu Maha Pinuji. |
9. | ٱلَّذِى لَهُ ۥ مُلۡكُ ٱلسَّمَـٰوَٲتِ وَٱلۡأَرۡضِۚ وَٱللَّهُ عَلَىٰ كُلِّ شَىۡءٍ۬ شَہِيدٌ |
Nu kagungan karajaan langit jeung bumi, jeung Alloh kana sagala perkara ogé nyakséni. |
10. | إِنَّ ٱلَّذِينَ فَتَنُواْ ٱلۡمُؤۡمِنِينَ وَٱلۡمُؤۡمِنَـٰتِ ثُمَّ لَمۡ يَتُوبُواْ فَلَهُمۡ عَذَابُ جَهَنَّمَ وَلَهُمۡ عَذَابُ ٱلۡحَرِيقِ |
Saéstuna jalma-jalma nu mitenah ka muminin jeung muminat, sarta maranéhna teu tarobat, nya pikeun maranéhna siksaan anu ngaduruk. |
11. | إِنَّ ٱلَّذِينَ ءَامَنُواْ وَعَمِلُواْ ٱلصَّـٰلِحَـٰتِ لَهُمۡ جَنَّـٰتٌ۬ تَجۡرِى مِن تَحۡتِہَا ٱلۡأَنۡہَـٰرُۚ ذَٲلِكَ ٱلۡفَوۡزُ ٱلۡكَبِيرُ |
Saenyana jalma-jalma anu ariman turta ngalampahkeun amal soléh, nya pikeun maranéhna sawarga anu di handapna cur-cor walungan, éta téh kaunggulan anu kacida gedéna. |
12. | إِنَّ بَطۡشَ رَبِّكَ لَشَدِيدٌ |
Saenyana siksaan Pangéran manéh téh kacida bangetna. |
13. | إِنَّهُ ۥ هُوَ يُبۡدِئُ وَيُعِيدُ |
Saéstuna Anjeunna anu mimiti (ngayugakeun mahluk) jeung anu mulangkeunana deui. |
14. | وَهُوَ ٱلۡغَفُورُ ٱلۡوَدُودُ |
Jeung nya Anjeunna Nu Maha Jembar Hampura, Nu Maha Mikahéman. |
15. | ذُو ٱلۡعَرۡشِ ٱلۡمَجِيدُ |
Nu kagungan A’rasy, Nu Pinuji. |
16. | فَعَّالٌ۬ لِّمَا يُرِيدُ |
Nya Anjeunna nu midamel sapangersa-Na. |
17. | هَلۡ أَتَٮٰكَ حَدِيثُ ٱلۡجُنُودِ |
Naha geus kawartikeun ka manéh lalakon balatentara. |
18. | فِرۡعَوۡنَ وَثَمُودَ |
Fir’aun jeung Tsamud? |
19. | بَلِ ٱلَّذِينَ كَفَرُواْ فِى تَكۡذِيبٍ۬ |
Tapi jalma-jalma nu kalapir salawasna ingkar. |
20. | وَٱللَّهُ مِن وَرَآٮِٕہِم مُّحِيطُۢ |
Padahal Alloh nalingakeun maranéhna ti tukangeunana. |
21. | بَلۡ هُوَ قُرۡءَانٌ۬ مَّجِيدٌ۬ |
Saéstuna éta téh Qur’an nu agung. |
22. | فِى لَوۡحٍ۬ مَّحۡفُوظِۭ |
Di Lauhil Mahfudh. |
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.