Juz
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Juz (Basa Arab: جُزْءْ, plural أَجْزَاءْ ajzāʼ, harti saleresna "bagéan") nyaéta cara pambagian Al-Quran anu ngabagi Al-Quran jadi 30 bagéan. Sanajan Al-Quran bisa mulai maca ti bagéan mana waé, sistem ieu bisa ngagampangkeun jalma anu rék ngaji salila 30 poé (sabulan). Juz dina Al-Quran anu paling dikenal nyaéta juz 30 anu disebut ogé juz amma. Eusina nyaéta surat anu ka 78 nepi ka 114 anu disebut ogé surah-surah pang pondokna dina Al-Quran.
Pambagian juz dina Al-Quran bisa ditingali dina tabél ieu:
Remove ads
Maca Al-Quran Sapoé Sajuz
Di Indonesia, aya gerakan maca Al-Quran sapoé sajuz anu dimimitian ku dua pamuda nyaéta Bhayu Subrata dan Pratama Widodo di taun 2007. Program ieu ngajak masarakat jang mulai rutin maca Al-Quran nepi ka bisa namatkeun (khatam) Al-Quran dina waktu sabulan[1]. Kagiatan sarupa ieu teu dilakukeun ku umat Islam di Indonesia hungkul tapi geus jadi tradisi anu dilakukeun ku umat Islam di seluruh dunya. Umumna kagiatan ieu dilaksanakeun salila bulan Ramadhan di mana umat Islam paloba-loba ibadah, kaasup maca Al-Quran.
Remove ads
Référénsi
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads