From Wikipedia, the free encyclopedia
Bandéra Saudi Arabia (Basa Arab: علم المملكة العربية السعودية) nyaéta bandéra anu dipaké ku pamaréntah Saudi Arabia saprak 15 Maret 1973. Bandérana mangrupa bandéra héjo kalawan kaligrafi kalimah syahadat warna bodas sarta hiji pedang warna bodas. Warna héjo nu dipaké di bandéra ieu nyaéta Pantone 330 c / CMYK (%) C 100 - M 0 - Y 50 - K 50[1]
Bandéra Saudi Arabia | |
---|---|
Informasi Umum | |
Ngaran nagara | Saudi Arabia |
Proporsi | 2:3 |
Dipaké ti | 15 Maret 1973 |
Desain | Héjo kalawan kalimah syahadat warna bodas sarta hiji pedang bodas. |
Pamakéan | 011011 |
Simbol |
Ku sabab kalimah syahadat suci, bandéra ieu heunteu umum dipaké dina kaos atanapi barang lian. Saudi Arabia pernah mrotés kana rancangan bal nu rék dikaluarkeun ku FIFA, midangkeun sadaya bandéra nagara pamilon Piala Dunya Maén Bal 2002, kaasup bandéra Saudi Arabia. Pajabat pamaréntahan Saudi Arabia nyarioskeun yén najong kalimah syahadat ku suku teu bisa ditampi. Usaha lian ku militér AS pikeun mincut haté barudak Apganistan ku cara nyebarkeun bal nu dihiasan ku bandéra, kaasup bandéra Saudi Arabia, ngarah kana unjuk rasa.[2]
Bandéra Saudi Arabia teu pernah dikibarkeun saparo tihang salaku tanda duka cita sabab, ngahandapkeunnana dianggap panghinaan.[3][4]
Bandéra nu biasa teu kénging dipasang vértikal dumasar kana hukum Saudi Arabia. Bandéra vértikal diproduksi husus nu mana kalimah syahadatna sarta pedangna diputer, sanajan ieu téh jarang sakumaha raloba nagara Arab kirang tradisi masang bandéra vértikal.[5]
Panji sipil, pikeun pamakéan ku kapal padagang di laut, mangrupa bandéra héjo kalawan bandéra nagara di kanton kalawan wates bodas. Panji karajaan mangrupa bandéra nagara kalawan tangkal palem jeung pedang di canton-na.
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.