Basa Betawi
From Wikipedia, the free encyclopedia
Basa Betawi atawa Melayu Dialék Jakarta atawa Melayu Batavia (bew) (Aksara Sunda Baku: ᮘᮞ ᮘᮒᮝᮤ) nyaéta salah sahiji basa anu mangrupa basa ti Melayu. Mararehna anu ngagunakeun basa ieu disebut urang Betawi. Basa ini hampir saumur jeung ngaran daérah tempat basa ieu dikembangkeun, nyaéta Jakarta.
Betawi | ||
---|---|---|
basè Betawi, basa Betawi | ||
Dipaké di | Jakarta (Indonesia) | |
Jumlah panyatur | 2,7 juta (1993) | |
Rungkun basa | Melayu Kreol
| |
Aksara | * Alfabét Latin | |
Kode-kode basa | ||
ISO 639-1 | taya | |
ISO 639-2 | bew | |
ISO 639-3 | bew |
Basa Betawi nyaéta basa kreol (Siregar, 2005) anu didasarkeun dina basa Melayu Pasar ditambah jeung unsur-unsur basa Sunda, basa Bali, basa ti Cina Kidul (utamana basa Hokkian), basa Arab, sarta basa ti Eropa, utamana basa Walanda jeung basa Portugis. Basa ieu mimitina dipaké ku kalangan masyarakat mangengah ka handap dina masa-masa awal parkembangan Jakarta. Komunitas budak sarta padagang anu paling sering ngagunahkeun. Sabab barkembang sacara alila, euweuh struktur baku anu jelas ti basa ieu anu ngabedakeun ti basa Melayu, lantaran aya sabaraha unsur linguistik diciri anu bisa dipaké, misalna ti sakabéh awalan me- (sapetos halna basa Melayu, kaasup basa Indonésia), panggunaan akhiran -in (sarua saperti basa Bali), sarta ngalihan bunyi /a/ dibuka di akhir kecap jadi /e/ atawa /ɛ/ dina sabaraha dialék lokal.