Basa Walanda
basa ti rungkun basa Indo-Éropa / From Wikipedia, the free encyclopedia
Basa Walanda (Nederlands (pitulung·info)) nyaéta Basa Jermanik Kulon anu diomongkeun ku leuwih ti 22 juta jelema minangka basa ibu sarta leuwih ti 5 juta jelema minangka basa kadua. lolobana panyatur tulén aya di Walanda, Belgia, sarta Suriname, kalayan jarumpluk leutik pamaké di bagian Perancis, Jerman, sertos sawatara nagara urut jajahan Walanda. Basa ieu tumali pageuh jeung Basa Jermanik Kulon séjénna (contona Basa Inggris, Basa Frisian Kulon, sertos Basa Jerman) sertos rada leuwih laér jeung Basa Jermanik Kalér.
Basa Walanda | ||
---|---|---|
Nederlands | ||
Palapalan | [ˈneːdərlɑnts] | |
Dipaké di | minangka basa pituin di Walanda, Belgia (Flanders sarta Brussels), Suriname, Aruba, Antilles Walanda, Flanders Perancis, Rhine Handap (Jerman) sarta diaspora Walanda. | |
Wewengkon | awalna Éropa Kulon, ayeuna ogé di Karibia. | |
Jumlah panyatur | ||
Réngking | 37 (nurutkeun Nederlandse Taalunie),[4] 40,[5] 43,[6] 46 (runtuyan kira-kira ku SIL) | |
Rungkun basa | Indo-Éropa
| |
Aksara | Hurup Latin (vérsi Walanda) | |
Status resmi | ||
Basa resmi di | Citakan:Country data Aruba Aruba Citakan:Country data Belgium (civil) Belgia Walanda Antilles Walanda Suriname Citakan:Country data Benelux Benelux Uni Éropa Citakan:Country data UNASUR Kahijian Bangsa Amérika Kidul Nagara sarta wewengkon anu loba ngabogaan panyatur tulén: | |
Diatur ku | Nederlandse Taalunie (Kahijian Basa Walanda) | |
Kode-kode basa | ||
ISO 639-1 | nl | |
ISO 639-2 | dut (B) | nld (T) |
ISO 639-3 | nld | |
Basa Walanda nyaéta basa asal ti Basa Afrikaans sertos sawatara basa campuran (kréol). Nederlandse Taalunie nyaéta lembaga anu ngurus gawé babarengan antara otoritas-otoritas Walanda, Flemish sertos Suriname dina marasalah basa, kawijakan basa, sertos palajaran basa tur sastra.