Bhinneka Tunggal Ika
From Wikipedia, the free encyclopedia
Bhinneka Tunggal Ika nyaéta semboyan Nagara Kesatuan Republik Indonésia anu ngandung harti “beda-beda tapi tetep hiji”.[1] Semboyan “Bhinneka Tunggal Ika” kapampang dina salambar pita anu diranggeum ku kadua suku manuk dadali, lambang Nagara Kesatuan Républik Indonésia.[1] Bangsa Indonésia diwangun kana ratusan sélér bangsa anu nyicingan rébuan pulo, sarta nyarita dina loba basa wewengkon.[2] Adat istiadat unggal sélér bangsana ogé béda-béda.[2] Kitu ogé jeung ageman sarta kapercayaanana.[2] Sanajan kitu, urang tetep ngahiji minangka hiji bangsa, nyaéta bangsa Indonésia.[2] Nempo kanyataan anu aya, pohara bener untayan Bhinneka Tunggal Ika anu ditulis dina lambang nagara Garudra Pancasila, sarta jadi smeboyan Bangsa Indonésia.[2] Kecap Bhinneka Tunggal Ika ieu dicokot ti buku Sutasma, karya Empu Tantular anu ditulis dina jaman Majapahit, abad ke-14.[2] Kecap anu asalna ti Basa Sansakerta ieu hartina: béda-béda, rupa-rupa wanda, tapi hiji jua.[2]