COVID-19
panyakit tepa dina manusa disababkeun ku virus Corona; munggaran dipanggihan di 2019 di Wuhan, Cina / From Wikipedia, the free encyclopedia
Panyakit koronavirus 2019 (coronavirus disease 2019, disingget COVID-2019[7]) nyaéta salah Archived 2022-09-22 di Wayback Machine sahiji panyakit népa alatan inpéksi virus SARS-CoV-2[8]. Panyakit ieu munggaran dipanggihan di taun 2019 di Wuhan, China.[9] Ayana virus ieu dimimitian ku ayana salah saurang anu didiagnosis panyakit pnéumonia anu kaayaanna henteu kawas biasana. Dina tanggal 31 Désémber, kantor régional Organisasi Kaséhatan Dunya (WHO) di Béijing narima béja aya pasién ogé ka keunaan panyakit pnéumonia anu henteu dipikawanoh naon anu jadi sababna di kota anu sarua. Ku ayana kajadian éta, panaliti ti Institut Virology Wuhan, ngalakukeun analisis métagonomics keur ngaidéntifikasi virus corona anyar salaku étiologi anu poténsial. Maranéhna nyebutkeun novél coronavirus 2019 (nCoV-2019). Tuluy Pusat Pengendalian jeung Pencegahan Panyakit Amérika Serikat anu ngiluan naliti kana éta virus nyebutkeun ogé novél coronavirus 2019 (nCoV-2019). Dina panalitian éta nepi ka ayeuna ngaran panyakit ieu katelah ku istilah coronavirus disease-19 (COVID-19).[10] Virus ieu kaasup kana superdomain biota, kingdom virus. Kaasup kana golongan virus panggedéna dina ordo Nidoviralés. Kabéh jenis virus anu aya dina ordo Nidoviralés nyaéta non-ségméntéd positive-sénse RNA virusés. Virus corona kaasup kana familia Coronaviridaé, sub familia Coronavirinaé, génus Bétacoronavirus, subgénus Sarbécovirus. Panggolongan virus mimitina dipilih kana golongan-golongan anu dumasar kana sérologi, tapi ayeuna dumasar kana panggolongan filogénétik. Leuwih jauh dijéntrékeun subgénus Sarbécovirus ngawengku Bat-SL-CoV, SARS-CoV jeung 2019-nCoV. Bat-SL-CoV mimitina kapanggih di Zhéjiang, Yunan, Guizhou, Guangxi, Shaanxi, jeung Hubéi, Cina.[10]
COVID-19 | |
---|---|
Ngaran lian | |
Gejala COVID-19 | |
Spesialisasi | Panyakit menular, pulmonologi |
Gejala | Demam, batuk, hésé napas[6] |
Komplikasi | Pneumonia, sindrom gangguan pernapasan akut, gagal ginjal |
Musabab | SARS-CoV-2 |
Diagnosis | PCR, imunoasai, pemindaian tomografi terkomputasi |
Pencegahan | Ngumbah leungeun, étika batuk, ngajaga jarak deukeut jeung jelema nu boga COVID-19 |
Cara ngarawat | Simtomatik jeung suportif |