Catur
From Wikipedia, the free encyclopedia
Catur nyaéta kaulinan anu dijadikeun olahraga.[1] Catur mangrupa kaulinan maké papan catur anu miboga 64 kotak dina papanna, warna kotakna hideung jeung bodas.[1] Iwal ti éta catur miboga 16 siki catur.[1] Kaulinan ieu geus aya ti 500 SM di India anu tuluy sumebar ka daérah Persia jeung Arab.[1]