Cucurbitaceae
From Wikipedia, the free encyclopedia
Cucurbitacéae (Kulawarga waluh) nyaéta salah sahiji kulawarga tutuwuhan tina ordo Violales nu mangrupa anggota tina kelompok utama Angiospermae (tutuwuhan kembangan).[1] Kulawarga ieu miboga 98 genus jeung antara 975 spésiés nu jadi panghasil dahareun jeung tutuwuhan hias.[2] Spésiés curcubits mangrupa tutuwuhan asli di sabagian gedé nagara di dunya, utamana di daérah tropis, jeung kulawarga ieu ayeuna dibudidayakeun di unggal nagara, nagara bagian, jeung provinsi di mana tutuwuhan ieu bisa tumuwuh di usum halodo (suhu haneut).[3] Curcubitacéae sabagian gedé mangrupa tutuwuhan hérba ngarayap atawa ngarambat sausum nu dicirian sabab miboga batang 5-siku jeung sulur nu muringkel.[4] Ieu mangrupa kulawarga nu miboga sagala tutuwuhan waluh nu bisa didahar, kawas bonténg, samangka, mélon, squash jeung waluh.[4] Buahna sok balaradag jeung miboga rasa nu ngeunah.[4]
Kulawarga Waluh | |
---|---|
(Cucurbitaceae) | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Divisi: | |
Kelas: | |
Ordo: | Violales |
Kulawarga: | Cucurbitaceae |