Djibouti
From Wikipedia, the free encyclopedia
Djibouti (Basa Arab: جيبوتي Jībūtī, Basa Prancis: Djibouti, basa Somali: Jabuuti, basa Afar: Gabuuti), resmina Républik Djibouti (Basa Arab: جمهورية جيبوتي Jumhūriyyat Jībūtī, Basa Prancis: République de Djibouti, basa Afar: Gabuutih Ummuuno, basa Somali: Jamhuuriyadda Jabuuti), mangrupa hiji nagara di Tanduk Afrika. Tepung wates jeung Eritrea di kalér, Ethiopia di kulon jeung kidul, sarta Somalia di tenggara. Sisa watesna tepung jeung Laut Beureum sarta Teluk Aden. Djibouti, nu miboga populasi 818.159 jiwa dina sénsus 2009,[5] mangrupa salah sahiji nagara nu kirang didumukan di Afrika.[6] Ageman utama di Djibouti nyaéta Islam, kalawan 94% ti populasi, 6% sésana ngagem Kristen. Nagri ieu kawanoh salaku Obock jeung Somaliland Perancis (Côte française des Somalis) dina abad ka-19; dina 1967, ngaranna digentos kana Afar jeung Issa saparantos pajangjian jeung Perancis. Téritori ieu didéklarasikeun salaku hiji nagara merdika dina 1977 jeung ngarobih ngaranna kana "Républik Djibouti", dumasar kana ibu kotana. Djibouti ngagabung ka Pasarikatan Bangsa-Bangsa dina 20 Séptémber 1977.[7][8] Djibouti mangrupa nagara daulat merdika, tapi tetep miboga hubungan jero jeung Perancis, sarta liwat rupa-rupa pasatujuan militér jeung ékonomi jeung Perancis, nagara ieu narima panyartaan kaamanan jeung ékonomi.[9]
- Artikel ieu ngeunaan nagarana. Pikeun ibu kota Djibouti, tempo Djibouti (kota). Pikeun lagu kabangsaanna, tempo Djibouti (song)
جمهورية جيبوتي Jumhūriyyat Jībūtī République de Djibouti Gabuutih Ummuuno Jamhuuriyadda Jabuuti Républik Djibouti |
||||||
---|---|---|---|---|---|---|
Motto "Unité, Égalité, Paix" "Kahijian, Kasaruaan, Karapihan" |
||||||
Lagu Djibouti |
||||||
Ibu kota (jeung kota panggedéna) | Djibouti 11°36′N 43°10′E | |||||
Basa resmi | Basa Perancis, Basa Arab[1] | |||||
Démonim | Djiboutian | |||||
Pamaréntah | Républik semi-présidénsial | |||||
- | Présidén | Ismail Omar Guelleh | ||||
- | Perdana Mentri | Dileita Mohamed Dileita | ||||
Kamerdikaan | ||||||
- | ti Perancis | 27 Juni 1977 | ||||
Aréa | ||||||
- | Total | 23.200 km² (ka-149) 8.958 mil² |
||||
- | Cai (%) | 0,09 (20 km² / 7,7 mil²) | ||||
Populasi | ||||||
- | Perkiraan 2009 | 864.000[2] (ka-160th) | ||||
- | Sénsus 2009 | 818.159 | ||||
- | Kapadetan | 37,2 /km² (168th) 96,4 /mil² |
||||
GDP (PPP) | Perkiraan 2010 | |||||
- | Total | $2,105 milyar[3] | ||||
- | Per kapita | $2.554[3] | ||||
GDP (nominal) | Perkiraan 2010 | |||||
- | Total | $1,140 milyar[3] | ||||
- | Per kapita | $1.383[3] | ||||
Gini? (2009) | 40,0 | |||||
HDI (2010) | 0,402[4] (handap) (ka-147) | |||||
Mata uang | Franc (DJF ) |
|||||
Zona wanci | EAT (UTC+3) | |||||
- | Usum panas (DST) | teu kaobsérvasi (UTC+3) | ||||
TLD Internét | .dj | |||||
Kode telepon | +253 |