Gamal Abdul Nasser (éjahan sunda: Jamal Abdul Nasir; basa Arab: جمال عبد الناصر; gumelar di Alexandria, 15 Januari 1918  maot di Kairo, 8 Séptémber 1970 dina umur 52 taun) mangrupa salah sahiji inohong penting dina sajarah Wétan Tengah jeung miboga pangawasa anu kacida pentingna dina Krisis Suéz 1956.[1] Nasir bisa disebut minangka pamingpin munggaran ti Urang Arab anu ngalawan kana dominasi bangsa Kulon di Wétan Tengah.[1] Jamal Abdul Nasir téh nyaéta présidén kadua anu loba kababawa dina kawijakan antar-Arab hususna mah nyaéta dina Liga Arab.[2]

Fakta Singget Présidén Mesir ka-2, Katerangan lian ...
Jamal Abdul Nasir
جمال عبد الناصر
Thumb
Présidén Mesir ka-2
Masa jabatan
23 Juni 1956  28 Séptémber 1970
Katerangan lian
Gumelar Gamal Abdel Nasser Huséin
15 Januari 1918
Alexandria, Mesir
Pupus 28 Séptémber 1970 (yuswa 52)
Kairo, Mesir
Kabangsaan Warga Negara Mesir
Pameget/istri Tahia Kazem
Murangkalih Hoda
Mona
Khalid
Abdel Hamid
Abdel Hakim
Ageman Sunni Islam
Tanda tangan Thumb
Pangabdian militér
Kasatiaan Egypt
Layanan/cabang Tentara Mesir
Lila ngabdi 1938–1952
Réngking Kolonél
Patempuran/perang Perang Arab-Israél 1948
Tutup

Kahirupan

Abdul Nasir dibabarkeun di hiji imah anu wangunnanana téh tina batako kacampur leutak di jalan anu teu diaspal di lembur Bacos, Alexandria, Mesir nu mana tempat bapana ditugaskeun di kantor pos satempat.[2] Ti Alexandria, bapana Abdul Nasir dipindahtugaskeun ka Al-Khaṭaaṭibah, hiji lembur kumuh, nu mana Nasir leutik meunang didikan sakola munggaranna.[2] Lajeng anjeunna indik pikeun dumuk di Kairo jeung uwana anu harita kakara dibébaskeun ti bui Inggris jeung mibanda kamar di gedong anu dicicingan ku salapan kulawarga Yahudi.[2]

Terus-tumerus masalah jeung guruna di sakola, anu sababaraha urang guruna téh nyaéta urang Inggris, Nasser iilueun dina sawatara démonstrasi jalanan ngeunaan anti-Inggris[2], harita yuswana karak 15 taun.[1] Hiji mangsa anjeunna meunang hiji tengeulan keuna kana tarangna anu balukarna aya tapakan peupeur saumur hirup.[2] Sanggeus sakola manengah anjeunna indit ke hiji paguron luhur hukum salila babaraha bulan anu tuluy asup ka Akademi Militér Karajaan, lulus minangka létnan dua.[2]

Sabot jadi tentara Mesir di Sudan, Nasir panggih jeung tilu sobat perwirana nyaéta Zakariyya Muhyi al-Dīn (Zakaria Mohieddine), terus wakil présidén Uni Émirat Arab; 'Abd Al-Hakim'Āmir ogé Anwar Sadat, anu bakal ngadukung Nasir minangka présidén.[2] Babarengan manéhanana ngarencanakeun orhanisasi rusiah révolusionér Perwira, anu susunanana ngan dipikanyaho ku Nasir wungkul. Tujuanana nyaéta pikeun ngusir Inggris jeung kulawarga karajaan Mesir.[2]

Dina taun 1948 perang Arab ngalawan nagara anyar ngadeg Israel, Nasir nyaéta hiji perwira ti salah sahiji tina tilu batalyon anu dikurilungan salila mangminggu-minggu ku Israél dina kalompok désa Arab anu disebut Kantong Faluja.[2]


Rujukan

Wikiwand in your browser!

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.

Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.