Liga Arab

From Wikipedia, the free encyclopedia

Liga Arab
Remove ads

Liga Arab (Basa Arab: الجامعة العربية al-Jāmiʻa al-ʻArabiyya), resmina disebut Liga Nagara Arab (Basa Arab: جامعة الدول العربية Jāmiʻat ad-Duwal al-ʻArabiyya), nyaéta hiji organisasi régional nagara-nagara Arab di Afrika Kalér jeung Afrika Kalér-Wétan, sarta Asia Kidul-Kulon (Wétan Tengah). Liga Arab diwangun di Kairo dina 22 Maret 1945 kalawan 6 anggota: Mesir, Irak, Transyordania (jadi Yordania dina 1949), Libanon, Saudi Arabia, jeung Suriah. Yaman ngagabung salaku hiji anggota dina 5 Méi 1945. Liga Arab ayeuna miboga 22 anggota (kaasup Suriah nu kaanggotaanna katunda ti Nopémber 2011) sarta 4 panénjo. Tujuan utama liga ieu pikeun "nyieun hubungan nu leuwih deukeut antara Nagara anggota jeung gawé bareng kolaborasi di antarana, pikeun ngajagaan kamerdikaan jeung kadaulatan, sarta mertimbangkeun hubungan jeung kaperyogian dina cara nu ilahar antara nagara-nagara Arab."[2]

Fakta Singget جامعة الدول العربية Jāmiʻat ad-Duwal al-ʻArabiyya, Basa resmi ...
Remove ads

Tempo ogé

  • Anggota Liga Arab
  • Piagam Hak Asasi Manusa Arab
  • Perang Tiis Arab
  • Dana Pamekaran Ekonomi jeung Sosial Arab (AFESD)
  • uni Antarparlemén Arab
  • Konflik Liga Arab jeung Arab-Israél
  • Boikot Liga Arab kana Israél
  • Uni Arab Magribi (UMA)
  • Dana Monetér Arab
  • Organisasi Industrialisasi Arab
  • Déwan Kahijian Ekonomi Arab (CAEU)
  • Pésta Olah Raga Pan-Arab
  • Pan-Arabisme
  • Patepungan Luhur Nagara Amérika Kidul-Arab

Catetan suku jeung rujukan

Tumbu kaluar

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads