Google Talk
From Wikipedia, the free encyclopedia
Google Talk nyaéta layanan pesen instan anu nyayagakeun pesen teks jeung komunikasi sora.[1][2] Layanan pesen instan ieu dina hirup kumbuh mah dipikawanoh minangka "gtalk", "gchat", atawa "gmessage" ku para pamakéna téh, kitu ogé Google na sorangan teu ngamasalahkeun ngeunaan ngaran-ngaran éta.[3]
Google Talk ogé jadi hiji ngaran tina aplikasi klien nu saméméhna pernah dirilis ku Google pikeun ngagunakeun ieu layanan.[1] Aplikasi Google Talk sayaga pikeun Microsoft Windows, Android, BlackBerry, jeung sistem operasi Chrome OS.[1][4][5] Aplikasi telepon selulér Google Talk geus sayaga ti saméméhna.[6] Dina bulan Februari 2015, klien Windows geus teu diteruskeun deui sarta teu digawéan deui, sangkan Google ngarékoméndasikeun pamaké-pamakéna pikeun ngagunakeun Google Hangouts baé.[7][8] Para pamaké klien Windows geus disina migrasi kana aplikasi Google Hangouts anu aya dina platform palanglang Chrome.[9]