Gorillaz
From Wikipedia, the free encyclopedia
Gorrilaz nyaéta grup musik virtual (teu nyata bungkeuleukanana)[1]. Gorrilaz diciptakeun ku Damon Albarn jeung Jamie Hewlett, Damon anu mangrupa personil Blur gawé bareng jeung jamie Hewlett, komikus nyiptakeun opat tokoh, di antarana 2D, Noodle, Murdoc Niccals jeung Russel Hobbs minangka personil Gorillaz[1]. Salaku grup musik virtual, unggal karakter personil miboga kasang tukang kahirupan kawas manusa, malah mah aya sejarahna[1]. Gorillaz ogé nyieun konsér di Panggung maké bantuan layar pikeun nampilkeun unggal tokoh animasi jeung para musisi tambahan[1]. Malah mah dina konsér taun 2005-2006, Gorillaz ngagunakeun proyéksi 3D (tilu Diménsi) méh para personilna katingali jiga aya dina panggung[1].